![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/su/thumb/d/d3/Ekalavya1.jpg/640px-Ekalavya1.jpg&w=640&q=50)
Ékalaya
From Wikipedia, the free encyclopedia
Ékalaya (Basa Sansakerta: एकलव्य, ékalavya), nyaéta saurang pangéran ti kaum Nisada. Kaum ieu téh kaum anu panghandapna dina undakan kasta Hindu nyaéta kaum nu sok moro sato, tapi Ékalaya mibanda pangabisa anu sarimbag jeung Arjuna dina élmu manah. Boga tékad hayang jadi pamanah pangalusna di dunya, manéhna indit ka Astina kalayan maksud hayang guguru ka Bagawan Drona. Tapi hanjakal Bagawan Drona nampik pamaksudan Ékalaya kasebut.
Ekalaya | |
![]() Ékalaya masrahkeun indung leungeunna ka Drona | |
Déwanagari: | एकलव्य |
Éjahan Sansakerta: | ékalavya |
Golongan: | Suku Bangsa Nisada |
Asal: | Karajaan Nisada |
Pakarang: | Panah |