World Trade Organization
From Wikipedia, the free encyclopedia
Organisasi Perdagangan Dunia (Basa Inggris: World Trade Organization, disingkét WTO) nyaéta hiji organisasi internasional anu mayungan usaha pikeun ngaliberalisasi usaha dagang. Organisasi ieu nyadiakeun aturan-aturan dasar dina enggoning ngalaksanakeun hubungan dagang internasional, jadi wadah padungdengan konsési jeung komitmen dagang pikeun anggotana, ogé méré bantuan ka anggota-anggotana dina ngaréngsékeun pacéngkadan dagang ngaliwatan hiji mékanisme anu ngabeungkeut sacara hukum. Organisasi ieu diadegkeun kaping 1 Januari 1995 kalawan mibanda tujuan pikeun nurunkeun tarif jeung halangan dagangan séjén, anu dipiharep baris majukeun ékonomi jeung ngaronjatkeun kahirupan masarakat.
Logo resmi WTO | |
██ Anggota ██ Anggota WTO sekaligus anggota Uni Eropa ██ Pengamat ██ Bukan anggota
| |
Singketan | WTO, OMC |
---|---|
Pawangunan | 1 Januari 1995; 29 kaliwat (1995-01-01) |
Rupa | Organisasi internasional |
Tujuan | Ngurangan tarif jeung hambatan dagangan lianna |
Kantor puseur | Centre William Rappard, Jenewa, Swiss |
Kaanggotaan | 164 anggota (2016)[1] |
Basa resmi | Inggris, Prancis, Spanyol[2] |
Direktur Jenderal | Ngozi Okonjo-Iweala |
Anggaran | 197 juta franc Swiss (2016)[3] |
Loka wéb | www |
Saméméh ngadegna Organisasi Perdagangan Dunia ieu aya hiji anu disebut Perjanjian Umum Tarif dan Perdagangan anu ditetepkeun dina taun 1947. Saméméhna usaha pikeun ngadegkeun hiji Organisasi Perdagangan Internasional teu tulus ku ayana panampik ti Kongres Amérika Serikat pikeun ngaratifikasi Piagam Havana, kasaluyuan éta jadi mangrupa hiji lembaga ad hoc kalayan dipaké "saheulaanan" salila 47 taun. Organisasi Perdagangan Dunia ngaganti ieu kasaluyuan sabada dilarapkeunna Persetujuan Marrakesh anu ogé nambahkeun kasaluyuan-kasaluyuan utama anu ngatur hubungan dagangan internasional, kaasup kasaluyuan umum tarif jeung hubungan dagang 1994 anu ngagantikeun kasaluyuan tahun 1947. Kitu.
WTO markasna di Jenéwa, Swiss. Dina taun 2016, organisasi ieu mibanda 164 nagara anggota jeung wilayah kapabéanan anu ngaréksa 99,5% populasi dunya ogé 98% dagangan di dunya. Sakabéh anggota WTO diwajibkeun milu kana aturan-aturan dasar anu geus ditetepkeun dina kasaluyuan Persetujuan Marrakesh. Salah sahiji aturan éta tayalian "hiji perlakuan anu sami pikeun sadaya anggota", anu hartosna dimana aya kaistiméwaan anu dibikeun ku hiji anggota WTO ka anggota WTO séjén ieu téh kudu dibikeun ogé ka sakabéh anggota WTO. Selian ti kitu, dumasar aturan "perlakuan nasional", anggota WTO kudu méré aturan anu sarua ka produk asing anu geus aya dina pasar doméstikna sakumahakana barang anu sarua hasil produksi nagarana diperlakukeun di nagarana. Samentawis kitu, dua badan anu boga wewenang ngaluarkeun putusan utama di WTO tayalian Konférénsi Tingkat Menteri jeung Déwan Umum. Sakur anggota WTO nyokot kaputusan dumasar kana konsénsus, tapi umpama konsénsus henteu kapanggih, kaputusan baris dicokot ngaliwatan Mékanisme pangumpulan sora. Organisasi Perdagangan Dunia ogé mibanda sistem dina ngaréngsékeun hiji perkara atawa pacéngkadan anu ngabeungkeut sacara hukum. Perkara dagang anu dirandapan ku hiji anggota jeung anggota liangna mimitina dibawa heula ka panel anu dijieun husus pikeun ngaréngsékeun éta perkara. Pihak anu henteu sapagodos jeung kaputusan Panél bisa mawa perkarana ka Badan Banding.
Ku ayana ieu WTO geus hasil ngurangan tarif jeung halangan dina hubungan dagang séjénna, jeung ieu kaberhasilan disebutkeun tos ngaronjatkeun kamekaran ékonomi, nurunkeun angka kamiskinan, katut nurunkeun harga. Ngan, ieu organisasi ogé menang kiritikan alatan dianggap kurang maliré kapentingan-kapentingan masyarakat lianna, ieu ogé dicap henteu démokratis, utamana balukar kurangna ngalibetkeun lembaga swadaya masyarakat jeung katimpangan kakuatan antawis nagara maju sareng nagara berkembang.