Lipen
From Wikipedia, the free encyclopedia
Lipen nyaéta salah sahiji kosmétik anu kaasup paling provokatif.[1] Pamulas biwir ieu bisa ngabangkikeun feminitas jeung sensualitas anu makéna.[1] Masarakat wawuh ka lipen ti taun 5.000 taun katukang.[1] Lipen miboga sajarahna ti mimiti masa prasejarah nepi ka bentukna saperti ayeuna.[1] Lipen lain ngan saukur paranti dandan pikeun awéwé tapi miboga simbol-simbol nu tangtu.[1]