Kangker bayah
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kangker bayah mangrupa panyakit kangker anu asalna tina organ bayah. Anu kakeunaan ieu kangker téh biasana jalma anu mindeng ngaroko.[1] Jalma anu teu ngaroko ogé bisa kakeunaan ieu panyakit kalayang faktor résiko tina gaya hirup, lingkungan jeung génétika. Tina gaya hirup nyaéta jadi ngaroko pasif jeung kadaharan. Mindeng pisan cicing atawa gaul di lingkungan jalma anu mindeng ngaroko jadi ancaman anu daria kakeunaan panyakit kangker bayah. Lian ti éta, konsumsi dahareun anu kurang séhat ogé jadi faktor panangtu. Mindeng ngadahar sayur jeung bungbuahan jadi kabiasan anu hadé keur ngurangan zat karsinogén tina haseup roko, hartina bisa mantuan nu jadi ngaroko aktif jeung pasif sangkan teu keuna ieu kangker. Patali jeung faktor lingkungan gas radon miboga peran aktif ngabalukarkeun kangker bayah. Ieu gas teu boga warna jeung bau kawangun sacara alami tina maluguranana zat radioaktif saperti uranium. Gas radon asalna tina jero taneuh, ngulibek dina bangunan imah anu can jadi atawa babatuan anu miboga radioaktif luhur. Gas radon anu dileupaskeun bakal asup ka jero imah tina lolongkrang bangunan imah. Ku kituna, jalma anu cicing dina ruangan handapeun taneuh atawa di imah lanté handap bisa kakeunaan gas radon anu ngabahayakeun. Faktor génétika mah biasana aya riwayat kulawargana anu kakeunaan kangker bayah boh anu sok ngaroko atawa tara ngaroko.[2]