Bangsar
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bangsar (basa Hormat: Kuris) atawa Cacar mangrupa panyakit kulit anu disababkeun ku virus.[1] Panyakit ieu ditandaan ku ayana gelembung nu eusina cairan dina kulit sarta selaput lendir.[1] Umumna, cacar bisa dibédakeun jadi dua jenis nyaéta cacar biasa (variola atawa smallpox) sarta cacar cai (varicella atawa chickenpox).[1] Cacar mangrupa panyakit nu népa.[1] Sajaba ditandaan ku barentus, cacar ogé dibarengan ku muriang.[1] Dina mangsa saméméhna, cacar téh mangrupa panyakit anu ngabalukarkeun tilar dunya (variola) utamana di sakumna dunya.[1] Dina taun 1967, World Health Organization (WHO) ngayakeun program vaksinasi cacar cai massal anu bisa nurunkeun angka nu ngalaman cacar sacara drastis.[1] Bédana antara cacar biasa sarta cacar cai nyaéta barentus cacar cai mah miboga ukuran anu leuwih leutik tibatan cacar biasa.[1] Sajaba ti éta, barentus cacar cai teu kaluar sacara babarengan dina sawatara bagian awak.[1]