Zamzam nyaéta cai nu dianggap minangka cai suci ku umat Islam. Zamzam mangrupa sumur cai nu nyangkaruk di wewengkon Masjidil Haram, lebah tenggara Ka'bah, jerona 42 méter. Loba nu jarah nu ngalakukeun ibadah Haji jeung Umroh nu datang ka ieu sumur Zamzam, sarta sawatara jalma mah sok mekel ieu ci Zamzam minangka oléh-oléh.