Keledeng atawa keledang nyaéta buah langka, ayana di daérah Kalimantan. Keledang ogé mangrupa salah sahiji buah anu mimiti kapopohokeun ku lantaran béakna leuweung di ieu wewengkon. Keledang mangrupa tangkal tina kulawarga familia Moraceae, baraya tina mentawa, klewih, pintau, campedak, sukun, selanking, benda, jeung nangka.