Dusun
Dusun atawa kampung nyaéta:hiji wewengkon, di mana aya sawatara imah atawa kulawarga anu nganjrek di dinya wewengkon tempat cicing warga tengahan ka handap di wewengkon dayeuh Dati IV: ngaran alternatif pikeun désa/kalurahan anu mangrupa hijian babagéan administratif wewengkon anu pangleutikna di sahandapeun kacamatan/mukim/distrik/banua (benua). Kampung minangka sinonim tina istilah désa ieu dipaké di Lampung, Papua sarta Kalimantan Wétan. Hiji kampung dipingpin ku saurang Kapala Kampung (Kamponghofd) sinonim ti Kades. Dati V: ngaran alternatif pikeun dusun/banjar/padukuhan/rukun kampung (RK)/anak kampung, anu kabéh éta mangrupa bagian ti hiji désa/kelurahan. Kampung minangka sinonim ti dusun ieu dipaké di Jawa, Nusa Tenggara Kulon sarta tempat-tempat nu tangtu.