Téma
From Wikipedia, the free encyclopedia
Téma nyaéta inti carita atawa jejer anu diwangun tina runtuyan kajadian carita dina prosa[1]. Téma téh asal kecapna tina thema < tithenai nu hartina téh neundeun. Téma téh aspék carita nu sajajar jeung ma'na dina pangalaman manusa nu salawasna miboga kesan jeung pantes diinget-inget. Ku kituna, téma téh béda jeung judul[2]. Téma leuwih neueulkeun kana gagasan jeung amanat nu ngawangun eusi karangan sagemblengna[3][1]
Ciri Umum
- Inti tangtungan atawa inti ageman dina carita nu sipatna abstrak.[4]
- Dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun nu maca.[4]
- Aya nu nyamuni aya nu nembrak, kumaha kawijakan pangarang. Tapi, mimindengna mah implisit atawa ditafsirkeun sorangan ku nu maca.[4]
- Jadi pameungkeut sagemblengna carita.[4]
- Sakapeung téma sok disangka akur jeung motif.[4]
Kritéria
Téma dipiharep luyu jeung kritéria ieu di handap[2].
Wanda Téma
Dumasar wujudna dina carita (prosa), wanda téma téh papasinganana kieu[5].
- Téma didaktis, téma nu midangkeun pateungteungna kagoréngan jeung bebeneran[5].
- Téma simbolik, téma nu atra atawa bisa kagambar dina judul karanganana[5].
- Téma séntral, téma pokona jadi tatapakan carita nu dipidangkeun[5].
- Téma sampingan, téma nu jadi kasang tukang carita wungkul kalawan lajuning lakuna jadi tatapakan dina mekarkeun carita[5].
- Téma éksplisit, téma nu atra kagambar dina runtuyan caritana[5].
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.