From Wikipedia, the free encyclopedia
Stasion Cicaléngka (CCL) (Aksara Sunda Baku: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮎᮤᮎᮜᮦᮀᮊ) nyaéta stasion karéta api kelas I anu aya di Jalan Stasiun Cicaléngka, Cicaléngka Kulon, Cicaléngka, Bandung. Stasion anu aya dina tingkat kaluhuran +689 méter ieu jadi stasion pangeureunan ahir pikeun karéta api lokal Bandung Raya. Stasion ieu boga tilu jalur, jalur 2 minangka jalur lurus. Stasion ieu kaasup Daérah Operasi II Bandung.
Stasion Cicaléngka
| |
---|---|
| |
Stasion Cicaléngka ditempo ti hareup, sanggeus papan ngaranna diganti ku nu vérsi 2020 | |
Lokasi | Jalan Stasiun Cicaléngka No. 1 Cicaléngka Kulon, Cicaléngka, Bandung, Jawa Kulon, 40395 Indonésia |
Luhur | +689 m |
Operator | Daérah Operasi II Bandung |
Letak ti pangkal | km 182+271 lintas Bogor–Bandung– Banjar–Kutoarjo–Yogyakarta[1] |
Jumlah péron | 3 |
Jumlah jalur | 3 |
Informasi lain | |
Klasifikasi | I[2] |
Sejarah | |
Dibuka | 1884 |
Layanan | |
Lokal Bandung Raya jeung Lokal Cibatu | |
Fasilitas jeung téknis | |
Tipeu pasinyalan | Mékanik |
Lokasi dina peta |
Di stasion ieu aya hal nu unik, nyaéta pas KA lokal Bandung Raya datang, panumpang anu rék naék ulah waka asup ka aréa péron saacan panumpang anu tina karéta geus turun kabéh. Hal ieu pikeun nartibkeun panumpang ku lantaran posisi stasion Cicaléngka minangka stasion ahir nu mana panumpang nu turun leuwih loba tibatan panumpang nu naék.
Saméméh jeung sanggeus stasion ieu aya sinyal pangulang ku lantaran ti dinya aya péngkolan. Tuluy, di aréa stasion Cicaléngka ogé aya turntable jeung corong cai anu geus teu dipaké.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.