From Wikipedia, the free encyclopedia
Sorbitol ogé dipiwanoh glucitol (E420) atawa hexanéhexol, yaéta mangrupa gula alkohol[1] anu mibanda rasa kareueut. Sorbitol umumna dijieun tina sirop jagong, tapi teu saeutik ogé dijieun tina bahan buah séjéna. Saperti apel, pir, pérsik jeung anu séjéna[2].
Sorbitol dingaranan gula alkohol ku alatan dipibanda ku jalan ngaréduksi glukosa, ngarobah gugus aldehid ngajadi gugus hidroksil nyaéta anu dipiwanoh glusitol, nyaéta salah sahiji gula alkohol anu dimetabolisme lalaunan sajeroeun awak. Sorbitol ngurangan Polyolform anu heksosa glukosa [3], fruktosa, jeung sorbose ku jalan dihidrogenasi minangka katalis atawa elektrokimia dinamangsa keur dijieuna.[4]
Gula alkohol, sakapeung disebut ogé poliol, nyaéta kaasupkeun salah sahiji karbohidrat anu diserep ku padaharan leuwih lila atawa henteu sampurna ti batan gula anu séjéna. Gula alkohol saperti sorbitol, manitol, maltitol, jeung xylitol. Gula alkohol mibanda kalori saeutik nu matak mindéng dipaké pikeun diét. Hanjakalna saenggeusna dikonsumsi ieu gula bisa ngabalukarkeun henteu ngareunah padaharan.[5]
Kakuatan pangamis sorbitol nyaéta 0,5-0,6 dibandingkeun jeung sukrosa. Pangamis ieu leuwih kareueut ti batan isomalt (power 0,3-0,4 pangamis) tapi masih kénéh sahandapeun tixylitol (Pangamis ka-1). Sorbitol mangrupa gaganti gula anu mibanda rasa kareueut 60%na tina gula méja biasa (sukrosa). INS na E dina nomer 420 kacatet mangrupa bahan aktif anu geus kadaptar pikeun sababaraha méré k barang jeung kadaharan.[6]. Sorbitol kasebut pangamis anu ngandung gizi lantaran unggal gram mibanda énérgi diet: 2,6 kilokalori (11 kilojoule) rata-rata karbohidratna 4 kilokalori (17 kilojoule). Dumasar éta sorbitol mindeng dimangpaatkeun pikeun kadaharan katut inuman diet, és krim, permén, Ubar batuk sirop, jeung permén karét bébas gula.[7]
Sorbitol bisa ogé dimangpaatkeun pikeun méré sihan peujit /pencahar biasana diinumkeun. Saperti gula alkohol séjéna, di mana ngadahar dahareun anu ngandung sorbitol bisa ngarandapan teu genah padaharan, di dieu pisan mangpaatna Sorbitol anu geus ditambah éfék pencahar bisa ngarangsang peujit jadi usik/ngusiel anu antukna bisa méré sihan padaharan (usus besar),[8] Kalawan menang ijin ti Dokter sorbitol geus ditangtukeun aman pikeun dikonsumsi ku kolot.[9] sorbitol katitenan aya dina sababaraha buah garing di mana bisa berkontribusi dina perkara pencahar/meresihan peujit.[10] kapanggih ogé dina buah apel, pir, céri, pérsik jeung aprikot.
Sorbitol dipaké tempat pikeun baktéri ngabédakeun pathogenic Escherichia coli O157: H7 ti séjéneun golongn E. coli, biasana henteu bisa ngapermentasi sorbitol sakumaha anu kasebut biasana henteu mampuh of fermenting sorbitol, tapi 93% anu dipikawanoh tina jalur E bisa ngalaksanakeuna.[11] Hiji tarékah pikeun ngubaran ngagunakeun sorbitol ku jalan nukeur resin ion natrium polistiren sulfonat (merek dagang Kayexalate), bisa ngabantu ngaleungitkeun kaleuwihan ion kalium dinamangsa ngarandapan hyperkalaemic.[12] . Dina taun 2010 US FDA ngabéwarakeun ngeunaan naékna risiko pikeun GI nekrosis tina ieu kombinasi.[13]
Sorbitol ogé dimangpaatkeun pikeun neundeun dosis tunggal obat cair ieu sarua jeung tablét anu digunakeun pikeun ngatur dosis dina obat padet.[14]
Sorbitol mindeng dipaké pikeun humektan jeung pengentel bahan kosmétik modérén.[15] dipaké ogé dina obat kekemu/kumur-kumur jeung pasta huntu. Sababaraha rupa gél anu transparan bisa ogé dijieun tina sorbitol, permén karét bébas gula contona ngamangpaatkeun sorbitol ku lantaran wujudna anu hérang transparan.
Sorbitol bisa ngabalukarkeun bunghak/kembung, nyeri beuteung, diaré sedeng nepikeun ka parah. Lamun seug didahar dina jumlah anu loba teuing atawa henteu luyu jeung aturan. Konsumsi Sorbitol 20 gram (0,7 oz) dina sapoé[16]. Sawaréh tina permén karét anu dikonsumsi geus ngabalukarkeun turunna beurat awak anu teu dipiharep, aya ogé anu kudu mondok dirumah sakit ieu ku alatan ngonsumsi 30 gram (1 ons) dina sapoé teu karasa tina sorbitol anu dicampur pikeun bahan pangamis permén karét [17]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.