From Wikipedia, the free encyclopedia
Sérviks atawa beuheung pianakan nyaéta salah sahiji bagian dina sistim baranahan awéwé anu ayana di luhureun heunceut, handapeun pianakan.[1][2] Ari panjangna kira 2 cm nepi ka 4 cm.[3] Bubukaan sérviks kana vagina nyaéta os éksternal, rongga sapanjang sérviks anu disebut saluran sérviks. Sedengkeun bubukaan saluran sérviks kana pianakan nyaéta os internal.[4] Dina ieu saluran sérviks lumangsung prosés asupna cai mani kana rongga pianakan, ogé ngolocorna getih héd, merebeyna cairan heunceut sarta borojolna orok tina rahim kana heunceut téh ngaliwatan ieu saluran sérviks.[5][4]
Sérviks | |
---|---|
Rincian | |
Prekursor | Saluran mullerian |
Arteri | Artéri heunceut jeung artéri pianakan |
Pengenal | |
Latin | Cervix uteri |
TA | A09.1.03.010 |
FMA | Citakan:FMA |
Terminologi anatomi |
Sérviks téh bagian handapeun pianakan anu manjang tina pianakan kana heunceut. Panjangna 2-4 cm kalawan wangunna silinder.[3] Ieu sérviks moncorong kana rongga heunceut (vagina), geblégan vagina kabagi jadi komponén supravaginal jeung heunceut.[3] Pasimpangan anu jeung pianakan disebut isthmus jeung eusina aya os internal saluran sérviks.[3] Mun os éksternal saluran serviks ayana dina wates handap sérviks anu adek kana bagian heunceut.[3]
Dina sistem baranahan awéwé sérviks mibanda sawatara fungsi. Salah sahiji fungsi utama sérviks nyaéta pikeun masilitasan leumpangna spérma kana rongga pianakan.[6] Prosés kieu téh bisa kajadian upamana os éksternal jeung os internal dirubakkeun.[7] Lian ti masilitasan leumpangna spérma kana pianakan, fungsi séjén tina ieu sérviks nyaéta pikeun ngurusan sarta ngajaga sterilitas saluran baranahan awéwé bagéan luhur.[8] Bagéan sérviks jeung sakumna struktur anu dipupusti téh kudu dipastikeun stéril salawasna.[8] Antukna mah nyaéta pikeun nangtayungan rongga pianakan jeung saluran génital bagéan luhur lianna ku cara nyegah invasi bakteri.[8] Ieu lingkungan téh dilindungna ku luruhna éndométrium, cairan sérviks anu kandel sarta os éksternal anu heureut.[8]
Nalika sél endog asak tuluy dikaluarkeun tina ovarium unggal bulan, cairan éndométrium téh robah jadi leuwih ipis.[9] Cairan nu leuwih ipis téh ngamumkinkeun spérma gampang dina ngaliwtan ieu sérviks pikeun nojo ka pianakan.[9] Unggal bulan kieuna téh, iwal salila keur ngandung atawa geus monopos, lapisan pianakan dibahékeun liwat sérviks kana heunceut, tuluy kaluar tina awak.[10] Ieu prosés disebut héd téa.[10]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.