From Wikipedia, the free encyclopedia
Pangukuran nyaéta kagiatan anu dilakukeun pikeun meunangkeun nilai magnituda ngagunakeun alat ukur. Magnituda utama jeung magnituda turunan bisa diukur maké alat ukur anu beda-beda. Contona ngukur panjang bisa maké jedar, bisa maké jangka sorong, bisa maké mikrometer. Ngukur berat barang bisa maké timbangan digital, timbangan bebek jeung timbangan jenis lain. Ngukur waktu gé bisa ku jam dinding, bisa ku stopwatch, bisa jam pasir jeung sajabana.
Aya rupa-rupa alat ukur anu bisa digunakeun pikeun ngukur magnituda. Contona ngukur panjang bisa ku jidar, jangka sorong, mikrometer skrup jeung sajabana. Alat ukur éta dipaké sasuai jeung kabutuhan, jeung sasuai jeung kabutuhan.
Jangka sorong nyaéta alat anu digunakeun pikeun ngukur kandel barang, diameter luar atawa diameter luar. Bagian jangka sorong téh aya rahang jejeg luruh handap, rahang dorong jejeg luhur handap, skala utama, skala nonius, jarum, jeung konci. Rahang luhur dipaké pikeun ngukur diameter jero. Rahang handap pikeun ngitung diameter handap, bisa ogé dipaké pikeun ngukur kandel barang. Ari jarum dipaké pikeun ngukur jerona barang, contona jeruna botol. Angka teliti (angka ketelitian) jangka sorong 0,1 mm. Hideup tingali tina gambar.
Cara ngagunakeun jangka sorong
Cara ngabaca hasil pangukuran jangka sorong:
Supaya leuwih jelas tempo gambar di handap
Mikro meter skrup dipaké pikeun ngukur panjang ani katelitianna lewih ti jangka sorong, mung barang anu dipaké moal bisa lebih gedé ti jangka sorong. Bagian-bagian jangka sorong di antarana rahang jejeg, rahang puter, skala utama, skala nonius, jeung konci. Kateliain mikromter skrup nyaéta 0,01 mm. Tingali gambar di handap.
Cara ngagunkeun mikro meter skrup
Cara ngabaca hasil pangukuran jangka sorong
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.