From Wikipedia, the free encyclopedia
Nilon bahan anu sok dijieun fiber. Ieu anu kaasup paling loba dipaké nyaéta polyamide, mimitina dijieun tur dipaké ku balaréa dina 28 Pébruari, 1935.[1] Nilon ieu bisa ogé dijieun benang/rambat dimangpaatkeun pikeun nyieun sikat huntu. Ogé dipaké kana bahan keur nyieun pakéan. Dina kanyataanna, ieu polyamide paling loba dipaké nyieun bahan fiber sintétik keur nyieun baju. Nilon bisa ogé dijieun keur bahan pakakas perang, contona waé parasit jeung rupa-rupa tali. Nilon kapanggih ku jasana Wallace Carothers ti Du-Pont. Nilon lamun saliwat mah katempona jiga sutra. Kuat, heuras ogé tahan ku cai, loba dipaké ku pabrik anu nyieunan senar rékét ogé senar gitar, rupa-rupa tali, sénar anu dipasang dina ban, karpét, jaring paragi ngala lauk, parasit perang, jeung loba deui anu séjén.
Nylon 6,6 | |
---|---|
Beurat Jenis | 1.15 g/cm3 |
Ngalirkeun Listrik (σ) | 10−12 S/m |
Ngalirkeun Panas | 0.25 W/(m·K) |
Lé'éh dina Panas | 463–624 K 190–350 °C 374–663 °F |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.