Mencek

From Wikipedia, the free encyclopedia

Mencek

Meunceuk atawa Kidang nyaéta bangsa uncal dina genus Muntiacus, anu dina basa Inggris katelah ogé Barking Deer. Mencek téh minangka bangsa uncal pangkolotna, umurna 15-35 juta taun, nu fosilna kapanggih ti lapisan Miosin di Prancis jeung Jérman.

Fakta Singget Meunceuk, Klasifikasi ilmiah ...
Meunceuk
Thumb
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Artiodactyla
Subordo:
Ruminantia
Kulawarga:
Cervidae
Subfamili:
Muntiacinae
Génus:
Muntiacus

Rafinesque, 1815
Tutup

Spésiés nu aya ayeuna pituin Asia Tenggara, nu sumebar di wewengkon Austronesia, ti India jeung Sri Langka nepi ka Cina wewengkon kidul, Taiwan, jeung pulo-pulo Indonésia. Mencek Cina (M. reevesi geus lila dibawa ka Inggris, antukna kiwari geus sumebar di wilayahna. ku sabab hirup di wewengkon tropis, mencek bisa kawin iraha waé sapanjang taun. Jaluna aya tandukan (pondok) nu bisa coplok jeung tumuwuh deui, tapi tarung marebutkeun wilayah mah sok maké 'sihung'na.

Kiwari, mencek nu dipikawanoh digolongkeun kana sapuluh spésiés:

  • Mencek India atawa Mencek Biasa, M. muntjak
  • Mencek Cina (M. reevesi)
  • Mencek Hideung (M. crinifrons)
  • Mencek Fea, ''M. feae''
  • Mencek Koneng Bornéo (M. atherodes)
  • Mencek Roosevelt (M. rooseveltorum gongshanensis
  • Mencek Raksasa, M. vuquangensis
  • Mencek Truong Son Muntiacus truongsonensis
  • mencek Daun M. putaoensis

Rujukan


Tingali ogé

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.