Marc Márquez

From Wikipedia, the free encyclopedia

Marc Márquez

Marc Márquez Alentà (lahir 17 Fébruari 1993) nyaéta tukang balap motor Grand Prix urang Spanyol sarta dalapan kali juara dunya kajuaran Grand Prix, nu genep di antarana dina kelas MotoGP.[1][2][3] Márquez balap pikeun tim pabrik Honda saprak manéhna ancrub dina MotoGP taun 2013.[4] Manéhna minangka salah sahiji ti opat tukang balap nu geus meunang gelar juara dunya dina tilu kategori nu béda, sanggeus Mike Hailwood, Phil Read sarta Valentino Rossi.[5]

Fakta Singget Kabangsaan, Lahir ...
Marc Márquez
Márquez 2021
Kabangsaan Spanyol
Lahir17 Pébruari 1993 (1993-02-17) (yuswa 32)
Cervera, Spanyol
Tim ayeunaRepsol Honda
Nomer motor93
Statistik karier balap motor
Kajuaraan Dunya MotoGP
Taun aktip2013
PabrikanHonda
Juara dunya6 (2013, 2014, 2016, 2017, 2018, 2019)
Posisi Kajuaraan 2022 13th (113 pts)
Starts Wins Podiums Poles F. laps Points
157 59 100 64 59 2545
Kajuaraan Dunya Moto2
Taun aktip20112012
PabrikanSuter
Juara dunya1 (2012)
Posisi Kajuaraan 2012 1st (328 pts)
Starts Wins Podiums Poles F. laps Points
32 16 25 14 7 579
Kajuaraan Dunya 125cc
Taun aktip20082010
PabrikanKTM, Derbi
Juara dunya1 (2010)
Posisi Kajuaraan 2010 1st (310 pts)
Starts Wins Podiums Poles F. laps Points
46 10 14 14 9 467
Tutup

Márquez juara Kajuaraan Dunya 125cc taun 2010 ,[6][7] juara Kajuaraan Dunya Moto2 taun 2012 ,[8][9] sarta juara Kajuaraan Dunya MotoGP taun 2013, 2014, 2016, 2017, 2018 jeung 2019. Márquez jadi purah balap nu mimiti saprak Kenny Roberts dina taun 1978 pikeun ngalengkepan gelar kelas utama dina usum balap munggaranna, sarta nu pangngorana pikeun ngahontal gelar sagemblengna.[10] Manéhna bisa nahan gelarna, jawara kajuaraan taun 2014.[11] Manéhna téh lanceukna Álex Márquez jawara dunya Moto3 taun 2014.[12] Márquez mapakan rékor Grand Prix sapanjang mangsa pikeun posisi pole dina umur 23, taun 2016, hiji rékor nu dicepeng ku manéhna sorangan taun 2017.[13]

Karier

Kajuaraan Dunnya 125cc

Lahir di Cervera, Catalonia, Spanyol, Márquez miluan debut kajuaraanna dina 13 April 2008 di Grand Prix Portugal 125cc taun 2008 dina umur 15 taun 56 poé.[14]

Thumb
Márquez dina Dutch TT 2010.

Kameunangan saterusna di Silverstone, Assen sarta Catalonia dina tilu balapan saterusna nu ngalantarankeun Márquez jadi purah balap panggorana nu meunang opat balapan terus-terusan.[15] Kameunangan kalimana di Sachsenring nyaéta kameunangan Derbi nu ke-100 dina balapan Grand Prix, sarta Márquez jadi purah balap mimiti saprak Valentino Rossi taun 1997 meunang lima kali balapan terus-terusan di kelas 125cc.[16]

Manéhna kurang suksés dina balapan ieu, turun ka posisi katilu di klasemén kacék hiji niléy di tukangeun Nicolás Terol sarta Pol Espargaró sanggeus kacilakaan jeung Randy Krummenacher dina péngkolan kahiji di Grand Prix Aragon .[17] Meunangna kasepuluh usum ieu manéhna jadi mapakan rékor nu dicekel ku Rossi taun 1997.[18] Manéhna bakal gagal ngahontal juara, mangsa manéhna ngan di posisi kaopat dina balapan panungtung di Valencia pikeun jadi juara dunya pangngoranna kadua sanggeus Loris Capirossi.[6][7]

Kajuaraan Dunya Moto2

Thumb
Márquez di Grand Prix 2011 Républik Czech.

Márquez pindah ka kelas Moto2 taun 2011 [19] Manéhna anggeus ka 21 di Portugal, saencan kameunangan kahijina di kelas ieu di Grand Prix Prancis.[20] Di Catalonia, Márquez anggeus kadua di tukangeun pamingpin juara Stefan Bradl, saencan labuh di Silverstone, sanggeus start ti posisi kahiji di Moto2 munggaranna, kalayan Bradl ngahontal kameunanganna kaopatna dina genep balapan mimiti, Márquez nuturkeun manéhna kalayan peunteun 82 di ahir minggu.[21] Márquez nyieun ronjatan klasemén kajuaraan di tengah-tengah usum balap ieu, ngan ukur meunangkeun niléy genep ti tujuh balapan pikeun ngudag Bradl di klasemén kajuaraan.[22]

Di Grand Prix Jepang, Márquez di posisi pole katujuh tapi meunang di posisi kadua ditukangeun Andrea Iannone,[23] tina kameunangan éta dikombinasikeun kalayan Bradl di possisi kaopat nu ngalantarankeun Márquez jadi pamingpin juara kalayan meunang peunteun.[24] Di Grand Prix Autralia , Márquez kalibet kacilakaan jeung Ratthapark Wilairot mangsa latihan bébas; Márquez nabrak kana tonggong Wilairot, sarta Márquez dihukum finalti samenit waktu kualifikasina.[25][26]

Saencan Grand Prix Malaysia, Márquez negeskeun yén manéhna baris tetep di Moto2 nepi ka taun 2012,[27] sanggeus rumor ngeunaan pindahna ka kelas MotoGP. Ahir minggu balapan Márquez elat dina menit pambukaan sési latihan bébas munggaran, mangsa manéhna labuh di aspal nu beueus.[28] Manéhna teu bisa milu balapan, sakumaha manéhna gagal ujian médis saméméh pamanasan balap isuk-isuk.[29] Márquez milu balapan ahir usum ieu di Valencia, kalayan harepan bisa séhat pikeun balapan, tapi ngundurkeun diri ku sabab masalah panempo nu terus beuki parna, antukna gelar juara dipimilik ku Bradl.[30]

MotoGP

Dina 12 Juli 2012, dibéwarakeun yén Márquez geus néken kontrak dua taun jeung tim Repsol Honda di MotoGP ngagantikeun Casey Stoner pangsiun bareng jeung Dani Pedrosa, ti taun 2013 ka hareup.[31][32]

Márquez mimiti mecak motor Honda RC213V di Valencia sanggeus ahir kajuaraan 2012 ngabelesat leuwih laun sadetik ti batur satimna Dani Pedrosa nu aya di puncak catetan lap.[33] Márquez midang hadé pisan dina mangsa ujicoba MotoGP munggaran di Sepang, posisi manéhna aya di ditukangeun Pedrosa jeung Jorge Lorenzo sarta unggul ti Valentino Rossi di posisi kaopat saencan kasiap ku Rossi di poé panungtung.[34]

2013

Marquez mimiti usum 2013 meunang podium di Qatar, manéhna di posisi kualifikasi kagenep kalayan anggeus katilu ditukangeun Jorge Lorenzo jeung Valentino Rossi.[35] Di babak kadua tina kajuaraan di Sirkuit Amérika di Texas, Márquez ngéléhkeun Dani Pedrosa batur satimna sarta jadi juara kahiji di sirkuit anyar.[36] Márquez jadi purah balap pangngorana nu kungsi meunang balap dina &&&&&&&&&&&&&020.&&&&&020 taun, &&&&&&&&&&&&&063.&&&&&063 poé, ngéléhkeun rékor Freddie Spencer nu umurna 30 taun.[37]

Márquez tisolédat mangsa sési latihan bébas katilu tanpa tatu atawa ruksak motor sarta antukna meunang posisi kualifikasi katilu panggancangna di Jerez.[38] Márquez anggeus balap dina posisi kadua tukangeun Dani Pedrosa batur satimna.[39] Márquez nyiap Andrea Dovizioso kalayan sésa dua lap dina lomba pikeun ngahontal podium anggeus kaopat di sababaraha balapan, mapakan rékor Max Biaggi taun 1998.[40] Manéhna ngalaman kacilakaan ka 4 di ahir minggu ngan ukur tilu lap deui ka anggeus balapan.[41]

Di Catalonia, Márquez anggeus balapan di posisi katilu.[42] Di Assen, Márqez kacilakan nalika latihan isuk-isuk nu nyababkeun potong tulang ramo cinggir katuhu sarta ramo suku kénca, manéhna anggeus balapan di posisi katilu.[43] Di Sachsenring, saingan utamana Pedrosa jeung Lorenzo tatu, Márquez ngahontal posisi pole katilu MotoGP.[44] Di Laguna Seca, Márquez meunang balapan katilu taun ieu pikeun kaunggulan kajuaraanna peunteunna jadi 16 luhureun Dani Pedrosa.[45]

Di Indianapolis dina lap ka 12 Márquez nyiap Lorenzo pikeun mingpin, Lorenzo jeung Pedrosa bisa mapakan Márquez sababraha lap tapi babak setrusna lolongkrang jalan kabuka sarta Márquez ngahontal kameunangan ka-4 taun ieu ngan kacék waktu leuwih ti 3 detik.[46] Di Brno, Márquez jadi purah balap mimiti nu meunang opat balapan sacara terus-terusan saprak Valentino Rossi taun 2008.[47]

Thumb
Márquez jeung Valentino Rossi di British Grand Prix 2013 .

Di Silverstone, dina lap panungtung kadua purah balap tukeur posisi; Márquez nyiap Lorenzo kalayan tinggal sababaraha sésa péngkolan tapi disiap deui ku Lorenzo sarta Márquez anggeus kadua.[48] Di Misano, Márquez aya di puncak klasemén kalayan leuwih ti satengah detik ti Lorenzo pikeun ngarebut posisi pole. Márquez nganggeuskeun balapan di posisi kadua di tukangeun Lorenzo.[49] Di Aragon, Márquez rumasa tinggaleun 2 detik di tukangeun Lorenzo tapi maéhna nyusul Lorenzo sarta antukna bisa ngagéleng gurat finish leuwih ti sadetik di hareupeun Lorenzo pikeun nyatet kameunangan kagenepna usum balap ieu.[50] Peunteun Márquez ngaronjat ka 278 kalayan sésa opat balapan, 39 di hareupen Lorenzo nu aya di posisi kadua.[51]

Di Sepang, Márquez nganggeuskeun balapan di posisi kadua.[52] Di Phillip Island Australia, Márquez didiskualifikasi tina balapan, ngurangan kaunggulan kajuaraanna kalayan Lorenzo (nu meunang) tina kacék peunteun 43 jadi 18 kalayan dua rintakan balapan nu nyésa .[53] Di Motegi, Márquez geus cegeur tina tatu parna dina poé balapan kalayan anggeus di posisi kadua di tukangeun Lorenzo .[54] Márquez ngantepkeun Dani Pedrosa pikeun ngalakukeun serangan awal ka Jorge Lorenzo; Pedrosa jeung Márquez di posisi kadua jeung katilu, posisi ieu geus cukup pikeun Márquez jadi juara, nu pangngorana dina sajarah.[55]

2014

Thumb
Márquez sanggeus meunang Grand Prix Amérika 2014

Usum balapan mimiti dilaksanakeun di Losail Qatar, salila balapan manéhna start kalayan rata-rata mimiti nyirorot ka posisi 4 di lap kahiji, Márquez neruskeun balapanna terus sarta kalibet ngadu jajatén jeung Valentino Rossi, ahirna meunang kalayan 0,259 detik.[56] Manéhna ogé nuluykeun pikeun meunangkeun rintakan kalima di Texas,[57] Argentina,[58] Spanyol,[59] Prancis,[60] and Italy,[61] sakabéhna ti posisi pole.

Di Grand Prix Catalan, Márquez gagal ngahontal posisi pole – kualifikasi katilu sanggeus kacilakaan salila sési lumangsung  – tapi sanggeus nahan serangan ti batur satimna Pedrosa, sarta pasangan Yamaha Jorge Lorenzo jeung Rossi, Márquez bisa meunang balapan katujuhna sakaligus, ngaronjatkeun peunteun kaunggulan kajuaraanna jadi 58 kalayan Rossi.[62] Álex Márquez adina meunang balapan Moto3, kulawarga Márquez meunang balap kajuaraan dunya Grand Prix dina poé nu sarua.[63] Baraya sakandung ngulang préstasi deui di Dutch TT dua minggu tiharita.[64] Di Grand Prix Jérman, Márquez meunang deui balapan, ku kituna jadi purah balap pangngorana nu meunang salapan kali sakaligus dina kelas Utama.[65]

Kalayan kameunanganna nu kasapuluh sakaligus di Indianapolis, Márquez jadi purah balap katilu pikeun ngahontal gelar juara di kelas utama, sanggeus Mick Doohan jeung Giacomo Agostini.[66]

Márquez ngalaman mimiti éléh di Brno,[67] tapi meunang balap saterusna di Silverstone, ngéléhkeun Jorge Lorenzo.[68] di Misano, Márquez labuh nalika ngadu jajatén pikeun mingpin lomba jeung Valentino Rossi.[69] Márquez jeung Pedrosa tabrakan dina balapan hujan di Aragon sarta anggeus di posisi ka 13[70] jeung ka14, kalayan Lorenzo meunang balapan munggaran taun ieu sanggeus manéhna eureun leuwih awal ti posisi katilu pikeun ngaganti motor nu diséting baseuh .[71] Márquez ngahontal gelar kaduana di Motegi kalayan sésa balap tilu rintakan deui .[11][72] Di Phillip Island, Márquez di posisi pole ka 12 dina usum ieu, mapakan catetan rékor Casey Stoner taun 2011, tapi manéhna labuh nalika mingpin balapan,[73] nu munggaran teu anggeus saprak Grand Prix Itali 2013. Manéhna meunang ka 12 kali dina sausum, mapakan rékor Mick Doohan kameunangan kelas utama dina sausum , taun 1997.[74] Hasil Márquez ogé cukup hadé pikeun Honda pikeun ngaku juara pabrikan, kalayan balapan masih nyésa.[75] Dina balapan panungtung di Valencia, Márquez meupeuskeun rékor Doohan, kalayan 13 kali meunang dina sausum.[76]

2015

Usum MotoGP 2015 dimimitian ku Márquez, sakali deui, keur favorit pikeun jadi juara, tapi manéhna anggeus balapan di posisi kalima di Qatar, sanggeus ngalakukeun kasalahan dina péngkolan ka 1 manéhna nyirorot ka posisi ka 25.[77] Manéhna meunang di balapan kadua di Texas, kameunangan katilu kalina sakaligus di Sirkuit Amérika.[78] Manáhna anggeus di posisi kadua di tukangeun Jorge Lorenzo in Spanyol, sanajan balap kalayan ramo leungeun kéncana potong sanggeus kacilakaan, saminggu saméméh balapan.[79] Manéhna nyiap Cal Crutchlow nu kacilakaan di lap 22, Márquez bajoang dina balapan nu beurat pikeun posisi kaopat kalayan Bradley Smith jeung Andrea Iannone, nu balapan kalayan taktak kénca tatu, sarta pamustunganana Márquez anggeus di posisi kaopat di hareupeun Iannone.[80]

Thumb
Márquez di Grand Prix Catalan 2015 .

Márquez gagal anggeus balapan di Itali[81] jeung Catalunya,[82] tapi naék ka podium kalayan anggeus di posisi kadua di Assen, sanggeus perang panjang jeung Rossi.[83] Márquez ngahontal kameunangan saterusna di Jérman,[84] sarta Indianapolis,[85] saencan anggeus posisi kadua di Brno.[86] Márquez labuh di Silverstone dina kondisi sirkuit baseuh,[87] tapi meunang di Misano.[88] Márquez labuh di Motorland Aragon,[89] sarta anggeus di posisi kaopat di Motegi nu ngalantarankeun pegat harepan pikeun ngahontal gelar .[90] Dina ka 130 balapanna, Márquez ngahontal kameunangan ka 50 Grand Prix  – jadi purah balap kasalapan pikeun ngahontal gelar éta, sarta pangngorana,[91] &&&&&&&&&&&&&022.&&&&&022 taun, &&&&&&&&&&&&0243.&&&&&0243 poé – kalayan dina lap panungtung Lorenzo di Grand Prix Australia.[92] Márquez labuh di Malaysia sanggeus pagédor jeung Valentino Rossi, kajadian kasebut dipariksa ku Race Direction sanggeus balapan, di mana Rossi dihukum (dikurangan) tilu peunteun – cukup pikeun ngalantarankeun start ti jajaran pangtukangna di Valencia.[93] Márquez anggeus di posisi kadua tukangeun Lorenzo di Valencia, kalayan Lorenzo ngahontal gelar juara dunya.[94]

2016

Dimimitian kalayan anggeus di posisi katilu di Qatar sarta meunang di Argentina, Márquez ngahontal dua kameunangan sakaligus kalayan gawé nu dominan di Grand Prix Amérika di Texas pikeun mimiti mingpin juara.[95] Tim Márquez nyieun kaos kalayan logo "Give me five" pikeun ngareuah-reuah gelar juara dunya kalima, sésa 3 balapan panungtung di Australia, Malaysia sarta Valencia. Di Grand Prix Australia manéhna kacilakaan nalika keur mingpin balapan,[96] manéhna labuh keur ngudag trio nu kasohor di Grand Prix Malaysia dina kondisi nu baseuh tapi hudang deui neruskeun balap sarta anggeus di posisi ka 11 nambahan peunteun 5.[97]

Márquez nganggeuskeun usum 2016 kalayan posisi kadua di Grand Prix Valencian, sanggeus bajoang pikeun nyiap lawan-lawanna saperti Valentino Rossi jeung Andrea Iannone di bagéan mimiti balapan, Márquez bisa ngaleupaskeun diri ti maranéhna sarta manéhna bisa nyiap Jorge Lorenzo.[98]

Total kameunangan MotoGP manéhna 29, nu ngalantarankeun manéhna aya dina sapuluh badag sapanjang mangsa. [99]

Statistik karier

Kalayan usum

Informasi leuwih jero Usum, Kelas ...
Usum Kelas Motor Tim Nomer Balap Meunang Podium Pole FLap Peunteun Posisi
2008 125cc KTM Repsol KTM 125cc 93 13 0 1 0 0 63 Ka 13
2009 125cc KTM Red Bull KTM Motosport 93 16 0 1 2 1 94 Ka 8
2010 125cc Derbi Red Bull Ajo Motorsport 93 17 10 12 12 8 310 Ka 1
2011 Moto2 Suter Team Catalunya Caixa Repsol 93 15 7 11 7 2 251 Ka 2
2012 Moto2 Suter Team Catalunya Caixa Repsol 93 17 9 14 7 5 328 Ka 1
2013 MotoGP Honda RC213V Repsol Honda Team 93 18 6 16 9 11 334 Ka 1
2014 MotoGP Honda RC213V Repsol Honda Team 93 18 13 14 13 12 362 Ka 1
2015 MotoGP Honda RC213V Repsol Honda Team 93 18 5 9 8 7 242 Ka 3
2016 MotoGP Honda RC213V Repsol Honda Team 93 18 5 12 7 4 298 Ka 1
2017 MotoGP Honda RC213V Repsol Honda Team 93 3 1 1 2 1 38* Ka 3*
Total 153 56 91 67 51 2320
Tutup

* Usum keur lumangsung.

Kalayan kelas

Informasi leuwih jero Kelas, Usum ...
Kelas Usum GP ka 1 Podium ka 1 Meunang ka1 Balap Meunang Podium Pole FLap Peunteun Juara Dunya
125 cc 2008–2010 2008 Portugal 2008 Great Britain 2010 Italy 46 10 14 14 9 467 1
Moto2 2011–2012 2011 Qatar 2011 Prancis 2011 Prancis 32 16 25 14 7 579 1
MotoGP 2013– 2013 Qatar 2013 Qatar 2013 Americas 75 30 52 39 35 1274 3
Total 2008–Kiwari 153 56 91 67 51 2320 5
Tutup

Kalayan taun

(katerangan) (Balap nu kandel nandakeun posisi pole, balap nu déngdék nandakeun rintakan panggancangna)

Informasi leuwih jero Taun, Kelas ...
Taun Kelas Motor 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 Posisi Peunteun
2008 125cc KTM QAT SPA
DNS
POR
18
CHN
12
FRA
Ret
ITA
19
CAT
10
GBR
3
NED
Ret
GER
10
CZE
Ret
RSM
4
IND
6
JPN
Ret
AUS
9
MAL VAL Ka 13 63
2009 125cc KTM QAT
Ret
JPN
5
SPA
3
FRA
Ret
ITA
5
CAT
5
NED
10
GER
16
GBR
15
CZE
8
IND
6
RSM
4
POR
Ret
AUS
9
MAL
Ret
VAL
17
Ka 8 94
2010 125cc Derbi QAT
3
SPA
Ret
FRA
3
ITA
1
GBR
1
NED
1
CAT
1
GER
1
CZE
7
IND
10
RSM
1
ARA
Ret
JPN
1
MAL
1
AUS
1
POR
1
VAL
4
Ka 1 310
2011 Moto2 Suter QAT
Ret
SPA
Ret
POR
21
FRA
1
CAT
2
GBR
Ret
NED
1
ITA
1
GER
1
CZE
2
IND
1
RSM
1
ARA
1
JPN
2
AUS
3
MAL
DNS
VAL
WD
Ka 2 251
2012 Moto2 Suter QAT
1
SPA
2
POR
1
FRA
Ret
CAT
3
GBR
3
NED
1
GER
1
ITA
5
IND
1
CZE
1
RSM
1
ARA
2
JPN
1
MAL
Ret
AUS
2
VAL
1
Ka 1 328
2013 MotoGP Honda QAT
3
AME
1
SPA
2
FRA
3
ITA
Ret
CAT
3
NED
2
GER
1
USA
1
IND
1
CZE
1
GBR
2
RSM
2
ARA
1
MAL
2
AUS
DSQ
JPN
2
VAL
3
Ka 1 334
2014 MotoGP Honda QAT
1
AME
1
ARG
1
SPA
1
FRA
1
ITA
1
CAT
1
NED
1
GER
1
IND
1
CZE
4
GBR
1
RSM
15
ARA
13
JPN
2
AUS
Ret
MAL
1
VAL
1
Ka 1 362
2015 MotoGP Honda QAT
5
AME
1
ARG
Ret
SPA
2
FRA
4
ITA
Ret
CAT
Ret
NED
2
GER
1
IND
1
CZE
2
GBR
Ret
RSM
1
ARA
Ret
JPN
4
AUS
1
MAL
Ret
VAL
2
Ka 3 242
2016 MotoGP Honda QAT
3
ARG
1
AME
1
SPA
3
FRA
13
ITA
2
CAT
2
NED
2
GER
1
AUT
5
CZE
3
GBR
4
RSM
4
ARA
1
JPN
1
AUS
Ret
MAL
11
VAL
2
Ka 1 298
2017 MotoGP Honda QAT
4
ARG
Ret
AME
1
SPA FRA ITA CAT NED GER CZE AUT GBR RSM ARA JPN AUS MAL VAL Ka 3 38*
Tutup

* Usum keur lumangsung.

Rékor

[100][101][102][103][104]

  • Kacilakaan pangtarikna di MotoGP: 209 mph (336 km/h) (kadua latihan di Mugello 2013)[105]
  • Posisi pole pangngorana di kelas Utama (Premier): &&&&&&&&&&&&&020.&&&&&020 taun, &&&&&&&&&&&&&062.&&&&&062 poé (COTA USA 2013)[5]
  • Juara pangngorana di kelas Utama: &&&&&&&&&&&&&020.&&&&&020 taun, &&&&&&&&&&&&&063.&&&&&063 poé (COTA USA 2013)[5]
  • Purah balap pangngorana meunang posisi podium sakaligus teu eureun-eureun di kelas Utama: &&&&&&&&&&&&&020.&&&&&020 taun, &&&&&&&&&&&&&063.&&&&&063 poé (Qatar, COTA USA 2013)[5]
  • Purah balap pangngoranna nu ngahontal lap pangtarikna di kelas Utama: &&&&&&&&&&&&&020.&&&&&020 taun, &&&&&&&&&&&&&049.&&&&&049 poé (Qatar 2013)[5]
  • 4 posisi podium terus-terusan di 4 kelas Utama Grands Prix (sarua jeung Max Biaggi)[5]
  • Purah balap pangngoranana nu mingpin kajuaraan kelas Utama: &&&&&&&&&&&&&020.&&&&&020 taun, &&&&&&&&&&&&&063.&&&&&063 poé (COTA USA 2013)[5]
  • Purah balap pangngorana nu meunang 4 balapan terus-terusan di di kelas Utama: &&&&&&&&&&&&&020.&&&&&020 taun, &&&&&&&&&&&&0189.&&&&&0189 poé (Jérman-USA-Indianapolis-Républik Czech 2013)[5]
  • Purah balap mimiti (anyar) nu meunang 4 kali balapan terus-terusan di kelas Utama: (Jérman-USA-Indianapolis-Républik Czech 2013)[5]
  • Purah balap anyar nu meunang di kelas Utama: 6[5]
  • Purah balap anyar nu panglobana meunang pisisi pole di kelas Utama: 9[5]
  • Purah balap anyar nu meunang podium di kelas Utama: 16[5]
  • Purah balap anyar nu panggendéna peunteun di kelas Utama: 334[5]
  • Purah balap pangngoranna nu meunang gelar di kelas Utama: &&&&&&&&&&&&&020.&&&&&020 taun, &&&&&&&&&&&&0266.&&&&&0266 poé[5]
  • Salah sahiji pasangan adi lanceuk nu meunang Kajuaraan Balap Motor Dunya Grand Prix, jeung Álex Márquez[106]
  • Meunang terus-terusan (ti 2013 to 2017 ) di Sirkuit Amérika: 5[78]

Dicutat tina

Tumbu kaluar

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.