From Wikipedia, the free encyclopedia
Endog kokonéngna–atawa di babaraha wewengkon ilahar disebut endog beubeureumna–nyaéta hiji bagian tina endog anu mangrupa kadaharan tina émbrio. Endog kokoneéngna ngambang dina endog bobodasna (atawa albumin) ku hiji atawa dua tali endog kokonéngna atawa kalaza. Saméméh dibuahan, endog kokonéngna jeung cakram nutfah mangrupa sél tunggal; salah sahiji tina sél tunggal anu bisa ditémbong ku mata kalawan sajalantrahna. Minangka kadaharan, ieu endog kokonéngna mangrupa salah sahiji sumber vitamin sarta mineral anu hadé. Endog kokonéngna ogé mangrupa sumber tina gajih sarta kolésterol endog, ogé hiji-perlima kandungan protéin endog.
Mun teu dicampur nalika diasakan, endog kokonéngna anu dikurilingan endog bobodasna téh bakal jadi ceplok endog. Nyampurkeun dua bagéan endog éta saméméh diasakan bakal ngajadikan dadar endog atawa omélét sarta warnana konéng méncrang. Di Inggris goréng endog mangrupa kadaharan nu kakoncara sarta umumna mah didahar jeun goréng kentang.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.