Ki amis atawa kai amis (Cinnamomum verum, sinonim C. zeylanicum; basa Indonésia: Kayu manis) nyaéta sabangsaning tatangkalan. Tangkal ieu kaasup kana golongan rempah-rempah nu kacida aromaan, amis, jeung ladana. Biasana rempah-rempah dipaké dina kadaharan amis nu dibeuleum, anggur panas, atawa miras.[1]

Fakta Singget Kiamis, Klasifikasi ilmiah ...
Kiamis
Thumb
Daun jeung kembang kayu manis
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Laurales
Kulawarga:
Lauraceae
Génus:
Cinnamomum
Spésiés:
C. verum
Ngaran binomial
Cinnamomum verum
J.Presl
Tutup
Thumb
Ki Amis

Kayu manis atawa ki amis nyaéta salah sahiji bungbu kadaharan pangkolotna nu dipaké ku manusa. Bungbu ieu dipaké di Mesir Kuno kira-kira 5000 taun katukang, tur disebutkan sababaraha kali dina kitab-kitab Perjangjian Heubeul.

Guaran

Ki amis mangrupa tumuwuh subur di wewengkon dataran handap atawa pagunungan atawa sakitar 2000 méter di luhureun laut, anu taneuhna gembur sarta henteu réa teuing cai nu miboga kalembaban sakitar 70-90%. [1] Ki amis bisa dipelak dina polibég atawa di kebon nu taneuhna geus dipacul jeung bébas tina gulma, henteu baseuh teuing sarta di tempat nu teu katutup aling-aling, sarta kudu cukup sinar panon poé.[1]

Tumuwuh ki amis miboga daun, kembang, buah jeung kai. Bagéan nu bisa dimangpaatkeun nyaéta kaina. Salian ti éta bisa dimangpaatkeun panyedep rasa kadahareun atawa kué, bahan keur nyieun sirup, jeung rasa pedes kana awak. Ki amis ogé bisa digunakeun keur bahan wangunan, mebel jeung suluh.[2] Sababaraha hiji Panelitian nyebutkeun sangkan ki amis téh bisa ngontrol kadar gula darah keur jelema nu miboga panyakit diabetés tipeu 2.[3] Panelitian lianna nyebutkeun bubuk ki amis nu ditambahkeun kana suplemén bisa nurunkeun tekanan darah sistolik (SBP).[4]

Nyumebarna ki manis

Ki manis téh geus nyumebar ka sababaraha daérah keur didagangkeun sacara ekspor atawa lokal. Tina sababaraha jinis ki manis nu aya di Indonésia, ngan aya opat jinis nu dipikawanoh dina pardagangan ekspor atawa lokal, nyaéta.

  • Cinnamomum burmanni, tutuwunan ieu biasana tumuwuh dina lahan anu luhurna sakitar 600-1.500 m dpl. Biasana aya di daérah Sumatera Kulon, Jambi, Sumatera Kalér, Bengkulu, Jawa Barat, Jawa Tengah, Jawa Timur jeung Maluku. Ciri-cirina nyaéta miboga tangkal nu luhurna bisa nepi ka 15 m, daunna leutik jaba kaku, pucukna warna beureum. Warna kulit kaina abu-abu, miboga harum nu khas nyaéta amis. Ki amis ieu téh bisa dipanén lamun umurna geus aya 10 taun, jeung miboga ukuran buleudan batangna sakitar 1 m.[5]

Rujukan

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.