Karéta api Mataram

From Wikipedia, the free encyclopedia

Karéta api Mataram

Karéta api Mataram (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮙᮒᮛᮙ᮪; Basa Jawa: ꦱꦼꦥꦸꦂ​ꦩꦠꦫꦩ꧀ , Sepur Mataram) nyaéta karéta api kelas ékonomi anu ngalayanan ruteu Stasion Solo Balapan - Stasion Pasar Senén.[1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi VI Yogyakarta.[1]

Informasi leuwih jero Informasi, Operasi ...
Mataram
Thumb
KA Mataram ngaliwat di daérah Pucung, Kotabaru
Informasi
SistemKaréta api jarak jauh
KelasÉksekutip-Bisnis
StatusBeroperasi
LokalDaop 6 Jogja
Stasion awalPasar Senén
Stasion ahirSolo Balapan
Operasi
Dibuka15 Juni 2017 (minangka KA Mataram Prémium)

17 Pébruari 2019 (minangka KA Mataram Éksekutip-Bisnis)

Dipiboga kuKereta Api Indonesia
OperatorDaérah Operasi VI Yogyakarta
KarakterLintas pagunungan
LokomotipCC201/CC203/CC204/CC206
Data téhnis
Lébar sepur1.067 mm
Gancangna operasional60-90 km/jam
Tutup

Mimitina, karéta api ieu dioperasikeun pikeun angkutan lebaran di taun 2017, ngabantuan tugas KA Bogowonto, KA Gajah Wong, KA Jaka Tingkir, jeung KA Progo anu ngalayanan ruteu nu sarua.[2]

Mimiti 17 Pébruari 2019, rangkéan karéta api Mataram Prémium anu asalna mangrupa ékonomi prémium (K3 2017) diganti jadi karéta campuran éksekutip-bisnis. Sedengkeun urut rangkéanna dimutasi ka Bandung pikeun dipaké rangkéan Karéta api Pangandaran. Ti tanggal 1 Désémber 2019, lintasan karéta api ieu dipanjang nepi Stasion Solo Balapan.

Spésifikasi karéta

  • Lokomotip CC 201/CC 203/CC204/CC206
  • 5 karéta bisnis (K2 SLO)
  • 1 karéta makan (M1/MP2 SLO)
  • 4 karéta éksékutip (K1 SLO)
  • 1 karéta pembangkit (P)

Stasion nu dilayanan

Jadwal

Karéta api Mataram indit ti Stasion Solo Balapan isuk-isuk, sedengkeun ti Stasion Pasar Senén poé péuting.<ref>KA Mataram[tumbu nonaktif] (id) Jadwal anu leuwih lengkepna tingali di Wikipédia basa Indonésia

Galeri

Tingali ogé

Rujukan

Tumbu kaluar

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.