From Wikipedia, the free encyclopedia
Karét munding; Kikarét; Ficus elastica nyaéta tangkal karét nu asalna tina kulawarga moraceae.[2]
Karet munding (Kikarét) | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | Angiosperms |
(unranked): | Eudicots |
(unranked): | Rosids |
Ordo: | Rosales |
Kulawarga: | Moraceae |
Tribus: | Ficeae |
Génus: | |
Subgénus: | Urostigma |
Spésiés: | F. elastica |
Ngaran binomial | |
Ficus elastica Roxb. ex Hornem. 1819 not Roxb. 1832 nor Roxb. 1814 (the last one not validly published) | |
Sinonim[1] | |
|
Ieu tangkal asalna ti nagara Sri Lanka, kiwari Loba kapanggih hirup di nagara-nagara Asia utamana di Indonésia.[3][4] Karét munding loba kapanggih hirup liar di sisi susukan, leuweung, tegalan, malahan kiwari loba dipelak dina pot pikeun papaes buruan.[2] Di nagara urang karét munding sok disebut ogé Kajaj, karét batang, karét kebo, ki karét, kolelet, rambung.[2] Dinagara luar sok disebut ogé : Yin du xiang shu (C), India rubber tree (I), Caoutchouc d'assam, gummifeigenbaum, karét boom.[2]
Karét munding bisa hirup kalawan subur di daérah nu kaayaana di sahandapeun 500 mdpl, mangsa diturih kulitna baris ngaluarkeun geutah kentel nu kelirna bodas.[2] Ieu geutah mibanda sipat kawas karét, sok disebut karet india.[2]
Tangkalna bisa hirup nepika jangkungna 40 méter; gedé buleudan tangkalna nu kungsi diukur nepika aya nu 2 méter, tina dahan bijil akar ngagarantung kawas janggot, tempona ieu akar gantung nepi kana taneuh bakal ngajadi tangkal nu bakal ngagedéan deui.[2]
Dauna salambar-salambar karandel tur lalonyod gedéna kurang leuwih 10-35 cm, dina dahan anyar dauna leuwih rubak tibatan daun nu bijil tina dahan nu geus karolot.[2] Dauna sok ngarangrangan mangsa datang usum halodo, sarta rampak deui barijil pucuk mun usum hujan geus manjing. Daun ngora sarta pucukna nu mimiti bijil, sok disimbutan kénéh ku salumpit nu kelirna beureum nu engkéna baris murag mangsa dauna ngagedéan.[2]
Buahna teubisa di dahar, ukuranna laleutik sarta lonyod, kelirna konéng semu semuhéjo.[2]
Tangkal karét munding loba kapanggih hirup ti mimiti nagara: Nepal, Indonesia, Bhutan, northeastern India, Burma and China (Yunnan) and Malaysia.[2] Ieu tangkal loba kapanggih hirup di nagara nu mibanda iklim tropical kaasup Hawaii sarta West Indies. di Éropa ogé bisa manggiha ieu tangkal, dijieun papaés di taman-taman. Sarta di basisir Spanyol jeung Italia.[2]
Akarna mibanda rasa lada geus tibaheula mula, dimangpaatkeun pikeun ngubaran kasakit reumatik.[5] Nyeri padaharan, sarta ngubaran bisul.[5] Carana bisa di godong, atawa di bebek akarna terus baé ditaplokeun di wewengkon nu nyeri.[2]
Di nagara India akarna nu ngarumbay di anyam ngawangun sasak pameuntasan.[5] Geutahna ngandung lateks, akar sarta kulitna ngandung saponin, flavonoid, sarta polifenol.[5] Dina dauna mibanda kimia saponin, polifenol, sarta tanin.[2]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.