Kabupatén Sukabumi

kabupatén di Indonésia From Wikipedia, the free encyclopedia

Kabupatén Sukabumi
Remove ads

Kabupatén Sukabumi nyaéta hiji Kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana nyaéta Palabuhanratu. Kabupatén ieu kawates ku Kabupatén Bogor di kalér, Kabupatén Cianjur di wétan, Samudra Hindia di kidul, ogé Kabupatén Lebak di béh kulon. Kabupatén Sukabumi jadi kabupatén panglegana kadua di Pulo Jawa, sanggeus Kabupatén Banyuwangi di Jawa Wétan. Salah sahiji tempat wisata anu kawéntar di Kabupatén Sukabumi nyaéta Palabuhanratu, lian ti kaéndahan alamna ogé kawéntar ku carita dongéngna ngeunaan Nyi Roro Kidul.[2]

Fakta Singget Kabupatén Sukabumi ᮊᮧᮒ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ, Liané transkripsi ...
Remove ads
Fakta Singget Lambang Pariséy, Warna Hideung ...

Kabupatén Sukabumi ngadeg kaping 1 Oktober 1945. Hal ieu dumasar kana kajadian nalika seuweu-siwi nonoman Sukabumi suksés ngarebut kakawasaan Jepang, sanggeus éléh ti Sekutu. Nonoman Sukabumi berhasil ngabébaskeun tahanan pulitik, ngawasa sababaraha puseur tempat, kawas PLN, kantor telepon, tambang emas, nepi ka gudang sanjata. Ku kituna, tiap kaping 1 Oktober ditetepkeun jadi hari jadi Kabupatén Sukabumi.[3] Hari lahir Kabupatén Sukabumi masih jadi sawala, lantaran nalika nyalusur dokumén sajarah di kaping 10 Séptémber taun 1870 aya dokumén surat anu eusina aya anu ngawanohkeun kecap "patih" atawa lamun ayeuna dihartikeun jadi Bupati Sukabumi, anu asli urang Sukabumi lain dipingpin ku bangsa deungeun (Walanda). Dumasar hasil sawala jeung ahli sajarah, di taun 2018 Bupati Sukabumi netepkeun dina Peraturan Daérah No. 14 taun 2018 ngeunaan hari jadi Kabupatén Sukabumi di 10 Séptember 1870.[4]

Remove ads

Visi jeung Misi

Thumb
Wilayah Kabupatén Sukabumi

Visi pamaréntah Kabupatén Sukabumi nyaéta: "Ngalaksanakeun Kabupatén Sukabumi anu Religius jeung Mandiri"[5]

Misi pamaréntah Kabupatén Sukabumi nyaéta:[5]

  1. Ngaronjatkeun kamerdikaan ékonomi masarakat dumasar kana poténsi ékonomi lokal ngaliwatan séktor agribisnis, pariwisata jeung industri anu berwawasan lingkungan;
  2. Ngawujudkeun Sumber Daya Manusa anu kompetitif jeung religius
  3. Ngawujudkeun pamaréntahan anu bersih jeung profésional
  4. Ngaoptimalkeun palayanan masarakat hususna dina widang kaséhatan, pendidikan jeung prasarana daérah.
Remove ads

Sajarah

Sistem Pamaréntahan ti Kapatihan jadi Kabupatén
Thumb
Daérah Cibitung, Kabupatén Sukabumi

Kabupatén Sukabumi nalika mangsa pamaréntahan Hindia-Walanda masih kénéh ngahiji jeung Kabupatén Cianjur, bagéan tina Karésidénan Priangan. Taun 1776 Bupati Cianjur kagenep, anu jenenganana Raden Noh Wiratanudatar VI ngawangun Kapatihan Tjikolé. anu miboga genep distrik nyaéta Tjimahi, Tjitjoeroeg, Goenoengparang, Tjieheolang, Djampangtengah, jeung Djampangkoelon. Puseur pamaréntahanana aya di Tjikolé (Kota Sukabumi).[6]

Dina tanggal 13 Januari 1815, Kapatihan Tjikolé diganti ngaranna jadi Kapatihan Soekaboemi. Ngaran Soekaboemi diajengkeun ku Dr. Andries de Wilde, hiji ahli bedah anu mibanda usaha kebon kopi jeung entéh di wewengkon Soekaboemi. Asal ngaran "Soekaboemi" nyaéta tina Basa Sansekerta. Kecap soeka, miboga harti "karesep, kabagjaan, kadeudeuh". Sedengkeun kecap bhoemi, miboga harti "marcapada, taneuh". Jadi "Soekaboemi" miboga harti "taneuh nu dipikaresep", atawa tempat nganjrek anu dipikaresep.[6]

Kabupatén Sukabumi ngadeg nalika ditetepkeun Besluit Gubernur Jenderal Dirk Fock no. 71 kaping 25 April 1921. Misah ti Kabupatén Cianjur ti 1 Juni 1921, jenengan Bupati Kabupatén Sukabumi anu mimitina R. A. A. Soerianatabrata. Di taun 1923, karésidénan Priangan dimekarkeun jadi tilu bagéan, nyaéta Priangan Kulon puseurna di Sukabumi, Priangan Tengah puseurna di Bandung, jeung Priangan Wétan puseurna di Tasikmalaya.[6]

Mangsa Dijajah ku Jepang
Thumb
Lalaki Urang Cikolé, Sukabumi taun 1937

Di taun 1942, Indonésia keur dijajah Jepang. Pangaruhna, pamaréntah Jepang ngabagi Indonésia jadi tilu wilayah pamaréntahan militér jeung ngawangun pamaréntahan sipil nepi ka tingkatan désa. Udaganana sangkan bisa ngarojong jeung méré kaonjoyan pikeun pamaréntah Jepang. Di taun 1942, ditetepkeun UU No. 27 ngeunaan aturan Pamaréntah Daérah jeung UU No. 28 ngeunaan aturan Pamaréntah Shu jeung Tokubetsu Shi. Éta aturan ngalantarankeun Pamaréntah Jepang bisa ngabagi sakabéh Pulo Jawa jeung Madura (iwal ti Surakarta jeung Yogyakarta) jadi shu (karésidénan), syi (kotapraja), ken (kabupatén), son (kacamatan), jeung ku (désa). Éta daérah dipingpin ku pupuhu daérah asli urang Jepang.[7]

Nalika pamaréntahan Hindia-Walanda ngawasa kénéh Kabupatén Sukabumi, wilayah administratif Jawa Kulon dibagi jadi lima karésidénan nyaéta Banten, Batavia, Bogor, Cirebon, jeung Priangan. Kabupatén Sukabumi asup kana bagian Bogor, lantaran Kabupatén jeung Kota Sukabumi miboga kode kandaraan anu sarua nyaéta "F". Nanging sanggeus Hindia-Walanda éléh ku Jepang, wilayah administratif daérah ogé ngilu robah. Karésidénan Priangan robah jadi Syukocan, ngaran pupuhu daérahna disebut Syukocanco. Kabupatén disebut Ken, sedengkeun pupuhu daérahna disebut Kenco. Kenco mimiti Kabupatén Sukabumi jenenganana R. A. A. Soeriadanoeningrat, tuluy digantikeun ku R. Tirta Soeyatna.[6]

Mangsa Kamerdékaan

Ir. Soekarno jeung Moh. Hatta ngaproklamasikeun kamerdékaan Indonésia kaping 17 Agustus 1945. Éta warta nepi ka Sukabumi 1 Oktober 1945. Inohong Sukabumi, Basyuni jeung Dr. Abu Hanifah ngahiap anggota BKR jeung pajoang séjénna pikeun ngarebut kantor pamaréntahan ti Jepang. Tarékah pikeun ngarebut kakawasaan sangkan bébas ti pamaréntahan Jepang ditandaan ku dilélérna Mr. Sjamsudin salaku Walikota Sukabumi jeung Mr. Harun salaku Bupati Sukabumi. Pamaréntah Walanda karak ngakukeun yén Indonésia merdéka 27 Désémber 1949. Sistem pamaréntahan nagara Indonésia robah jadi Républik Indonesia Serikat. Tapi, di taun 1950 RIS bubar, anu ngalantarankeun nagara bagéan puseurna mung hiji ka wilayah Indonésia. Di taun 1950 ogé, dumasar UU No. 14 Taun 1950 netepkeun Kabupatén Sukabumi (jeung kabupatén séjénna) kaasup kana wilayah pamaréntahan daérah Propinsi Jawa Kulon.[8]

Remove ads

Pamaréntahan

Informasi leuwih jero Ngaran Pamingpin, Poto ...

Pagawé Nagari Sipil (PNS)

Perséntaseu PNS di pamaréntah Kabupatén Sukabumi anu lalaki jeung awéwé nyaéta 55,93% jeung 44,07%. Pangatikan PNS Kabupatén Sukabumi taun 2022 lolobana lulusan sarjana/ pascasarjana nyaéta 74,10%, lulusan diploma lobana 12,04%, lulusan SMA/sadarajat 12,21%, jeung lulusan SMP ka handap lobana 1,66%. Lolobana PNS Kabupatén Sukabumi aya di golongan III anu jumlahna 5.297 urang atawa 50,99%. PNS golongan IV jadi anu panglobana kadua nyaéta 3.426 urang atawa 32,98%. PNS golongan II jumlahna 1.569 urang atawa 15,10%. PNS golongan I ngan ukur aya 115 urang atawa 1,11%.[10]

Satuan Kerja Perangkat Daérah (SKPD)

Di handap ieu daptar SKPD anu aya di pamaréntah Kabupatén Sukabumi:[11][12][13]

  1. Sékretariat Daérah Kabupatén Sukabumi
  2. Inspéktorat Daérah Kabupatén Sukabumi
  3. Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP)
  4. Badan Kesatuan Bangsa jeung Pulitik
  5. Badan Penanggulangan Bencana Daérah
  6. Badan Perencanaan Pembangunan Daérah
  7. Badan Kepegawaian jeung Pengembangan Sumber Daya Manusia
  8. Bada Pendapatan Daérah
  9. Badan Pengelola Keuangan jeung Asét Daérah
  10. Dinas Pendidikan
  11. Dinas Perhubungan
  12. Dinas Ketahanan Pangan
  13. Dinas Kapendudukan dan Pencatatan Sipil
  14. Dinas Kaséhatan
  15. Dinas Sosial
  16. Dinas Penanaman Modal dan Perizinan Terpadu Hiji Panto
  17. Dinas Perdagangan, Koperasi, Usaha Leutik jeung Menengah
  18. Dinas Perumahan jeung Kawasan Permukiman
  19. Dinas Tanaga Kerja jeung Transmigrasi
  20. Dinas Pertanian
  21. Dinas Pekerjaan Umum
  22. Dinas Komunikasi, Informatika dan Persandian
  23. Dinas Lingkungan Hirup
  24. Dinas Pemberdayaan Masyarakat jeung Désa
  25. Dinas Pengendalian Penduduk jeung Keluarga Berencana
  26. Dinas Kelautan Dan Perikanan
  27. Dinas Peternakan
  28. Dinas Pertanahan dan Tata Ruang
  29. Dinas Kearsipan dan Perpustakaan
  30. Dinas Pemberdayaan Awéwé jeung Perlindungan Budak
  31. Dinas Pariwisata
  32. Dinas Pemadam Kahuruan
  33. Dinas Perindustrian jeung énérgi Sumber Daya Mineral
  34. Dinas Kabudayaan, Kapemudaan jeung olahraga

Daptar Badan Usaha Milik Daérah (BUMND) Pamaréntah Kabupatén Sukabumi[14]

  1. Bank Perkreditan Rakyat (BPR) Kabupatén Sukabumi
  2. Pangusahaan Daérah Pesona Pariwisata (PDPP)
  3. Pangusahaan Daérah Anéka Tambang dan Energi (PDATE)
  4. Pangusahaan Daérah Air Minum (PDAM) Tirta Jaya Mandiri Kabupatén Sukabumi

Daptar Lembaga di Kabupatén Sukabumi[15]

  1. Majelis Ulama Indonésia (MUI) Kabupatén Sukabumi
  2. Badan Amil Zakat Nasional (BAZNAS) Kabupatén Sukabumi
  3. Badan Narkotika Nasional (BNN) Kabupatén Sukabumi
  4. Unit Layanan Pengadaan (ULP)

Déwan Perwakilan Rahayat Daérah (DPRD)

Korsi anggota DPRD Kabupatén Sukabumi dikawasa ku Partéi Gerindra, disusul ku Partéi Keadilan Sejahtera (PKS) jeung Partéi Golkar. Di handap ieu jumlah korsi jeung persentasé korsi anggota déwan di Kabupatén Sukabumi.[10]

Informasi leuwih jero Ngaran Partéi, Jumlah Korsi ...
Remove ads

Geografis jeung Iklim

Thumb
Kacamatan Cidolog, Kabupatén Sukabumi

Sacara astronomi Kabupatén Sukabumi posisina aya di 6º57´-7º25´ Lintang Kidul jeung 106º49´-107º Bujur Wétan. Lega wilayahna 4.145 km². Kabupatén Sukabumi miboga 47 kacamatan, 381 Désa, jeung 5 Kalurahan. Kacamatan panglegana nyaéta Kacamatan Ciemas, anu miboga lega 314,14 km².[16]

Curah hujan panggedéna di taun 2021 ngahontal di bulan Nopember nyaéta 878,5 mm, kalawan poé hujan salilana 19 poé. Sedengkeun curah hujan panghandapna ngahontal di bulan Agustus nyaéta 22 mm kalawan poé hujan 6 poé. Rata-rata curah hujan taun 2021 nyaéta 288,71 mm kalawan poé hujan salila 12 poé.[10]

Rata-rata sinar panon poé di Kabupatén Sukabumi taun 2020 anu pangluhurna kajadian di bulan Agustus nyaéta 85%. Sedengkeun sinar ponon poé paling handap kajadian di bulan Mei, nyaéta 36%.[10]

Musibah

Kaayaan géografis Kabupatén Sukabumi anu aya di wewengkon pagunungan ngabalukarkeun Kabupatén ieu remen katarajang bencana alam siga taneuh longsor, banjir, jeung sajabana. Sapanjang taun 2022, Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupatén Sukabumi nyatet, aya kira-kira 926 bencana alam anu lumangsung di Kabupatén Sukabumi. Nurutkeun Pusdalops BPDB Kabupatén Sukabumi, bencana nu pang mindengna nyaeta taneuh urug (aya 495 balikan) jeung angin gedé (164 balikan).[17] Sésana nyaéta 90 balikan caah, kahuruan 73 balikan, lini 54 kali, jeung taneuh ngagésér 50 balikan. Akibat musibah ieu, ti bulan Januari nepi ka Désémber 2022, aya kurang leuwih 1.386 kapala kulawarga jeung 3.398 urang anu katarajang jeung ngalaman kasangsaraan.Tina data ieu, 802 kapala kulawarga jeung 2.456 di antarana ngungsi ka wewengkon séjén, sarta 56 urang anu tatu jeung 11 urang maot.[18]

karugian akibat bencana alam lumayan ageung, nepi ngabeakkeun sakitar 8.705.855.000 miliar rupiah.[19] Karugian ieu ngawengku 2.192 imah ruksak, 770 imah ampir ruksak (kaancam) sarta 398 fasilitas umum jeung fasilitas lianna ogé ruksak. Biasana bencana alam mindeng lumangsung di wewengkon deukeut walungan atawa gawir luhur nu euweuh pisan tatangkalan didinya.[18]

Biasana, taneuh urug lumangsung nalika usum hujan atawa nalika curah hujan di luhur wates normal. Daérah di Kabupatén Sukabumi anu mindeng kajadian bencana siga taneuh urug nyaéta Kacamatan Cisolok. Hal ieu ogé diperparah ku kurangna informasi anu didapat ku masarakat ngeunaan bencana. Conto kasus ieu, urug anu lumangsung di Désa Cimapag. Nurutkeun data BNPB, taneuh di Désa Cimapag ngandung bahan taneuh poros atawa material rombakan. Ieu lahan dina hiji mangpaatna, cocog pikeun sawah jeung kebon, ku kituna masarakat nu gawéna jadi patani ngawangun padumukan di sabudeureunana. Ngan di sisi lain, lahan ieu berpotensi pisan ngalaman urug. Lokasi anu lerengna miring kira-kira 30 darajat, numutkeun para ahli, leuwih cocog pikeun wewengkon konservasi tibatan pikeun budidaya atawa tatanén.[20]

Kacamatan

Kabupatén Sukabumi miboga 47 kacamatan, kalawan 381 désa jeung lima kalurahan. 120 désa kaasup désa perkotaan, sedengkeun 266 desa kaasup kategori désa padesaan. [10] Ieu di handap mangrupakeun daptar kacamatan anu aya di Kabupatén Sukabumi[21]:

Daptar Kacamatan di Kabupatén Sukabumi
Remove ads

Penduduk

Fakta Singget

Komposisi umur penduduk di Kabupatén Sukabumi di taun 2021, didominasi ku penduduk anu yuswana anom. Rata-rata laju kamekaran penduduk diperiode taun 2020-2021 nyaéta 1,32%. Di taun 2021, jumlah penduduk Kabupatén Sukabumi 2.761.476 urang, kalayan jumlah penduduk lalaki 1.403.368 urang jeung jumlah penduduk awéwé 1.358.108 urang. Dumasar data, ti taun 2020 nepi ka taun 2021, jumlah penduduk lalaki leuwih loba dibandingkeun jeung jumlah penduduk awéwé. Miboga luas wilayah 4.145 km2, dicindekkeun yén rata-rata tingkat kepadatan penduduk saloba 666 jiwa per km2.[22]

Jumlah penduduk anu kaasup kana angkatan gawé taun 2021 aya 1.222.156 jalma, ningkat 6,57% dibandingkeun taun 2020. Anu dimaksud angkatan gawé nyaéta jalma anu umurna 15 taun ka handap, lolobana masih sakola, ngurus rumah tangga jeung sajabana. Calon pagawé Indonésia/pagawé awéwé ka luar nagari taun 2013-2021 nurun jadi 161 urang tina asalna leuwih ti 5.000 urang. [10]

Tingkat rata-rata kapadetan penduduk di Kabupatén Sukabumi taun 2021 nyaéta 666 jalma per km2. Sedengkeun di taun 2020, kapadetan penduduk nepi 657 jalma per km2. Sex rasio di Kabupatén Sukabumi aya di luhur 102 jeung 103, anu hartina unggal 100 urang penduduk awéwé aya 102 nepika 103 penduduk lalaki.[10]

Penduduk anu maké akseptor Kulawarga Berencana (KB) aya dua rupa nyaéta hormonal jeung non hormonal. Dicutat di taun 2021 aya 87.017 akseptor anu ngaleuwihan targét lobana 82.368 akséptor. Pakakas kontrasépsi KB anu loba dipaké nyaéta jenis pél jeung suntik, masing-masing 44,49% jeung 30,94%.[10]

Indeks Pangwangunan Manusa (IPM) Kabupatén Sukabumi taun 2016 nepika 2021 terus ningkat. IPM taun 2016 gedéna 65,13, sedengkeun taun 2021 IPM naék jadi 67,07. Penduduk miskib di Kabupatén Sukabumi ogé ngalaman panurunan tina 8,13% di taun 2016 jadi 7,07% di taun 2021.[10]

Remove ads

Ketenagakerjaan

Fakta Singget

Tingkat Partisipasi Angkatan Kerja (TPAK) nyaéta babandingan antara jumlah angkatan kerja jeung jumlah penduduk usia kerja. Penduduk usia kerja nyaéta sakabéh penduduk anu umurna 15 taun ka luhur nalika didata. TPAK Kabupatén Sukabumi taun 2021 64,93%. Tingkat Pengangguran Terbuka (TPT) nurun, di taun 2020, 9,60% sedengkeun ditaun 2021 jadi 9,51%.[22]

Di taun 2021, jumlah penduduk anu kadata rék néangan pagaéwan di Dinas Tenaga Kerja dan Transmigrasi Kabupatén Sukabumi saloba 27.163 urang. Kasang tukang atikan anu néangan pagawéan anu ngagunakeun ijazah SMA saloba 76,52%, anu ngagunakeun ijazah SMP-SD 17,94%, anu ngagunakeun ijazah S-1 3,80%, sedengkeun anu ngagunakeun ijazah diploma 1,74%. Calon TKI/TKW anu geus diseléksi di Kabupatén Sukabumi periode 2013-2021 nurun. Di taun 2021 jumlahna 161 urang.[22]

Remove ads

Pendidikan jeung Data Sakola

Thumb
Logo SMAN 1 Parungkuda, Sukabumi

Rasio murid-guru di Kabupat nembongkeun yén saurang guru rata-rata ngajar 25 murid di tingkat SD. Data lengkep ngeunaan rasio murid ieu bisa ditempo dina tabél di handap ieu:[10]

Informasi leuwih jero Rasio SMA, Rasio SMK ...

Di taun 2021, jumlah sakola negeri jeung swasta dumasar jenis pendidikanana aya 2598 sakola, anu ngawengku 1.213 Sakola Dasar, 34 Madrasah Ibtidaiyah, 356 Sekolah Menengah Pertama, 306 Madrasah Tsanawiyah, 83 Sekolah Menengah Umum, 130 Madrasah Aliyah, jeung 163 Sekolah Menengah Kejuruan. Rasio murid jeung guru nunjukkeun yén di jenjang SD rata-rata guru ngajar 25 murid. Di tingkat  MI, SMP, MTs, SMA, MA, jeung SMK rata-rata ngajar 17, 19, 11, 23, 11, jeung 20 murid dina taun ajaran 2021/2022.[22]

Numutkeun data taun 2021, jumlah penduduk nu umurna lima taun ka luhur nu teu pernah sakola aya 5,07 persén, nu henteu sakola deui aya 71,77 persén, jeung 23,16 persén penduduk umur lima taun kaluhur keur sakola SD, SMP, SMA sadarajat. [10]

Data Sakola Dasar di Kabupatén Sukabumi Taun 2016[23]
Kacamatan Sakola Murid Guru
Negri Swasta Jumlah Negri Swasta Jumlah Negri Swasta Jumlah
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
Ciemas 35 ...   35 4 966   ...   4 966   175 ...   175
Ciracap 30 ...   30 5 186   ...   5 186   245 ...   245
Waluran 17 ...   17 2 343   ...   2 343   123 ...   123
Surade 45 1 46 6 492   266 6 758   352 19 371
Cibitung 19 ...   19 2 221   ...   2 221   135 ...   135
Jampang Kulon 32 1 33 4 119   203 4 322   272 11 283
Cimanggu 12 ...   12 2 362   ...   2 362   101 ...   101
Kali Bunder 25 ...   25 3 135   ...   3 135   156 ...   156
Tegal Buleud 25 ...   25 2 996   ...   2 996   157 ...   157
Cidolog 9 ...   9 1 117   ...   1 117   67 ...   67
Sagaranten 27 ...   27 3 647   ...   3 647   174 ...   174
Cidadap 12 ...   12 1 378   ...   1 378   80 ...   80
Curugkembar 17 ...   17 1 848   ...   1 848   92 ...   92
Pabuaran 23 ...   23 4 024   ...   4 024   168 ...   168
Lengkong 19 ...   19 3 031   ...   3 031   113 ...   113
Palabuhanratu 32 5 37 9 634   962 10 596   326 38 364
Simpenan 35 ...   35 5 186   ...   5 186   218 ...   218
Warung Kiara 29 1 30 5 447   49 5 496   185 3 188
Bantargadung 28 ...   28 4 177   ...   4 177   157 ...   157
Jampang Tengah 43 1 44 5 840   102 5 942   285 7 292
Purabaya 23 ...   23 3 580   ...   3 580   169 ...   169
Cikembar 39 2 41 7 949   307 8 256   354 16 370
Nyalindung 29 1 30 4 328   150 4 478   190 9 199
Geger Bitung 25 1 26 3 754   59 3 813   189 4 193
Sukaraja 25 2 27 7 205   419 7 624   277 23 300
Kebonpedes 13 1 14 2 370   224 2 594   117 11 128
Cireunghas 13 1 14 2 173   158 2 331   104 6 110
Sukalarang 13 2 15 4 635   285 4 920   150 17 167
Sukabumi 17 ...   17 3 393   ...   3 393   164 ...   164
Kadudampit 16 1 17 3 539   114 3 653   152 3 155
Cisaat 38 3 41 9 054   1 432   10 486   357 81 438
Gunungguruh 20 1 21 4 556   142 4 698   162 6 168
Cibadak 42 5 47 11 253   985 12 238   376 46 422
Cicantayan 20 ...   20 4 455   ...   4 455   172 ...   172
Caringin 19 1 20 3 619   99 3 718   150 6 156
Nagrak 36 1 37 8 327   420 8 747   262 18 280
Ciambar 17 ...   17 4 131   ...   4 131   123 ...   123
Cicurug 33 8 41 10 823   1 244   12 067   330 47 377
Cidahu 22 1 23 6 242   255 6 497   188 16 204
Parakansalak 15 ...   15 3 648   ...   3 648   126 ...   126
Parungkuda 22 1 23 6 181   471 6 652   180 22 202
Bojong Genteng 12 ...   12 3 015   ...   3 015   90 ...   90
Kalapanunggal 21 1 22 4 452   110 4 562   148 5 153
Cikidang 36 ...   36 7 258   ...   7 258   227 ...   227
Cisolok 41 2 43 6 827   154 6 981   259 8 267
Cikakak 22 ...   22 3 299   ...   3 299   133 ...   133
Kabandungan 23 ...   23 5 033   ...   5 033   152 ...   152
Total Sakola di Kabupatén Sukabumi 1 166   44 1 210   224 248   8 610   232 858   8 882   422 9 304  
Data SMP di Kabupatén Sukabumi[24]
Wilayah Kacamatan Negeri Swasta Wilayah Kacamatan Negeri Swasta
2019 2019 2019 2019
Ciemas 1411 117 Sukaraja 1998 800
Ciracap 1929 101 Kebonpedes 590 61
Waluran 454 - Cireunghas 492 920
Suradé 2301 - Sukalarang 1199 667
Cibitung 1046 - Sukabumi 292 759
Jampang Kulon 1563 363 Kadudampit 1158 1663
Cimanggu 732 - Cisaat 1407 2105
Kali Bunder 967 - Gunungguruh 1241 459
Tegal Buleud 935 32 Cibadak 2826 2660
Cidolog 280 202 Cicantayan 505 865
Sagaranten 1090 39 Caringin 339 827
Cidadap 506 - Nagrak 1504 1636
Curugkembar 673 - Ciambar 274 1333
Pabuaran 783 185 Cicurug 2601 1747
Léngkong 1047 126 Cidahu 1113 1300
Palabuhanratu 2168 1997 Parakansalak 346 1567
Simpenan 1381 281 Parung Kuda 979 1478
Warung Kiara 2025 349 Bojong Genténg 487 1232
Bantargadung 772 769 Kalapa Nunggal 711 941
Jampang Tengah 1795 182 Cikidang 1413 1190
Purabaya 971 243 Cisolok 1615 1725
Cikembar 2513 559 Cikakak 944 344
Nyalindung 1084 175 Kabandungan 850 545
Geger Bitung 1045 231 Total SMP di Kabupatén Sukabumi 54355 32775

Daptar SMA jeung SMK di Kabupaten Sukabumi:

Informasi leuwih jero NPSN, Ngaran SMA/SMK ...

Salian sakolah dasar jeung menengah, loba ogé paguron luhur di Kabupatén Sukabumi, di antarana:[25]

Informasi leuwih jero NSPN, Singetan ...
Remove ads

Fasilitas Kaséhatan

Fasilitas kaséhatan anu disadiakeun ku Pamaréntah Kabupatén Sukabumi di antarana aya Puskésmas Pembantu anu lobana 179 unit jeung puskésmas anu lobana 60 unit (data taun 2021). Éta fasilitas ampir aya diunggal kacamatan. Ieu hal nuduhkeun yén Pamaréntah Kabupatén Sukabumi miboga tarékah pikeun nyadiakeun fasilitas nu hadé keur masarakat, hususna diwidang kaséhatan.[22] Sacara kasaluruhan, aya salapan fasilitas kaséhatan nu siga imah sakit anu disadiakeun di Kabupatén Sukabumi, sakabéhna mangrupakeun imah sakit umum, anu 5 mangrupakeun rumah sakit swasta (Rumah Sakit Beta Medika, Kartika Cibadak, Primaya Sukabumi, Hermina Sukabumi, Bhakti Medicare), 3 unit rumah sakit nu pamaréntah kabupaten (Rumah Sakit Sekarwangi, Palabuhanratu, Sagaranten), jeung 1 unit rumah sakit nu pamaréntah provinsi (Rumah Sakit Jampang Kulon).[26]

Informasi leuwih jero Kacamatan, Jumlah Rumah Sakit ...

Daptar Rumah Sakit Umum Daérah (RSUD) di Kabupatén Sukabumi[27]

  1. RSUD PalabuhanRatu
  2. RSUD Sekarwangi

Di handap ieu ngaran puskésmas, kode puskésmas, jenis puskésmas, jeung alamat puskésmas anu aya di Kabupatén Sukabumi:[28]

Informasi leuwih jero Nomer, Ngaran Puskésmas ...
Remove ads

Tatanén

Thumb
Hasil tatanén Sukabumi: Cau

Hasil tatanén jenis bungbuahan anu palobana nyaéta jenis cau, Jumlah produksina nepi ka 1.707.806 ton, anu aya di Kacamatan Bantargadung, Cikakak, jeung Gegerbitung. Lian ti cau, komoditas anu panglobana nyaéta kalapa. Di taun 2021, hasil produksina nepi ka 85.195 ton. Kacamatan anu pangréana ngahasilkeun kalapa nyaéta Kacamatan Caringin. Aya ogé komoditas kawung, anu jumlah produksina nepi ka 5.795 ton. Kacamatan anu panglobana ngahasilkeun kawung aya di Kacamatan Jampang Tengah.[22]

Legana taneuh jang tatanén pepelakan anu dominan di Kabupatén Sukabumi nyaéta supa anu legana 49.832 hektar. Hasil produksi supa ieu nepi 3.852 ton. Sedengkeun lega lahan sayuran bayem jadi lahan tatanén paling leutik, ukur 55 hektar kalawan produksi 4.213 ton. Ditempo tina jenis sayuran, Kabupatén Sukabumi ngahasilkeun paling loba petsay atawa sécim nyaéta 273.734 ton. Disusul ku cabé, bonténg anu hasilna 259.248 ton jeung 240.194 ton. Daérah anu ngahasilkeun tatanén petsay paling loba aya di daérah Geger Bitung kalawan produksina 74.200 ton tur legana 493 hektar.[10]

Hasil Tambang jeung Energi

Jumlah langganan PDAM di Kabupatén Sukabumi ningkat ti taun 2016-2021, tina jumlah 36.348 langganan jadi 61.196 langganan. Kitu ogé jeung langganan listrik PLN, jumlahna ningkat. Taun 2019 aya 700.931 langganan PLN ngaronjat 4,08 persén ti jumlah taun 2018 anu jumlahna 673.480 langganan. PLN bisa ngajual 952.657.231 Kwh di taun 2020. [10]

Paimahan

Taun 2021, di Kabupatén Sukabumi masih kénéh aya 13,35% kulawarga anu imahna teu boga tempat ngising sorangan. Kulawarga éta maké fasilitas jamban balaréa, MCK umum, aya ogé nu teu maké fasilitas bebersih pisan. [10]

Transportasi

Panjang jalan anu geus diaspal di Kabupatén Sukabumi taun 2020 panjangna 962,152 km atawa 75,96%. Panjang jalan anu diaspal ieu turun jumlahna mun dibandingkeun jeung jalan aspal taun 2019 anu panjangna 1.126,706 km. Taun 2021, panjang jalan nu diaspal naék panjangna jadi 1.104,034 km atawa 87,16 persén tina total jalan. Jalan karikil 10,21%, jeung jalan nu séjénna 2,63%. [10]

Aya sababaraha hiji terminal anu aya di Kabupatén Sukabumi:[29]

  • Terminal Jubleg Sukabumi, lokasina di sasagaran, Kacamatan Kebonpedes, Kabupatén Sukabumi, Jawa Kulon.
  • Terminal Cikembang, aya di Cikembang Jalan Pelabuhan, Cimanggu, Kacamatan Cikembar, Kabupaten Sukabumi, Jawa Kulon
  • Terminal Cibadak di Cibadak,Sukabumi,Jawa Kulon
  • Terminal Sukaraja

Stasion Karéta Api

Karéta api nu ngaliwatan wilayah Kabupatén Sukabumi nyaéta:

Stasiun karéta api nu aya di Kabupatén Sukabumi, di antarana:[32]

Ekonomi

Séktor konstruksi nyumbang nilai leuwih kana perékonomian Kabupatén Sukabumi gedéna Rp8,644 triliun atawa 12,22 persén tina total perékonomian Kabupatén Sukabumi tur nempatan ranking kaopat. Taun 2020, séktor konstruksi nyumbang 11,74% tina total perékonomian. [10]

Séktor dadagangan nyumbang 16,89 persén kana total perékonomian Kabupatén Sukabumi (PDRB) di taun 2021. Dadagangan ti panjual gedé jeung écéran nyumbang 16,89 persén, sedengkeun séktor jasa ngoméan motor jeung mobil nyumbang 16,91 persén kana total PDRB Kabupatén Sukabumi. Di taun 2021, Kabupatén Sukabumi miboga 12 pasar, 4.574 kios, 403 minimarket, jeung 3 mal atawa plaza.[10]

Inflasi atawa naékna harga-haraga di bulan Januari-Desembér numutkeun kana parobahan Indeks Harga Konsumén (IHK) di taun 2020-2021 condong turun tina 1,84 persén jadi 1,71 persén. [10]

Jumlah kopérasi di Kabupatén Sukabumi taun 2021 aya 2.205 unit. Di handap ieu daptar jenis jeung jumlah koperasi nu aya di Kabupatén Sukabumi: [10]

Informasi leuwih jero Nomer, Jenis Koperasi ...

Pariwisata

Thumb
Seni Réngkong di Kampung Adat Ciptagelar
Thumb
Basisir Palabuhan Ratu, Sukabumi

Séktor pariwisata mangrupakeun hal anu bisa dionjoykeun ti Kabupatén Sukabumi. Ieu hal dilantarankeun posisi géografis Kabupatén Sukabumi anu stratégis, ti mimiti wisata alam anu ngawengku gunung, leuweung, basisir, jeung anu séjénna. Ngaliwatan séktor pariwisata, bisa ngahasilkeun hal anu poténsial pikeun nyaimbangkeun kaayaan ékonomi di Kabupatén Sukabumi. Totalna kurang leuwih aya 34 tempat wisata, 8 tempat wisata jieuanan manusa, aya ogé 8 tempat wisata minat husus. Dumasar data, jumlah wisatawan anu datang ka Kabupatén Sukabumi diunggal taunna minatna terus naék. Di taun 2014, peningkatanana nepi ka 6,93%. Sedengkeun bangsa deungeun anu datang ka Kabupatén Sukabumi di taun 2014 ogé naék nepi ka 51,26%.[33]

Data Wisatawan anu Datang Ka Kabupatén Sukabumi[33]
No Asal Wisatawan 2010 2011 2012 2014
1 Nusantara 2.342.735 2.551.807 2,418.51 2.845.079
Ngéndong 473.496 450.669 479,935 593.927
Teu Ngéndong 1.869.239 2.101.138 2,180,557 2.251.152
2 Bangsa Deungeun 55.795 46.975 47,985 72.581
Ngéndong 55.645 37.270 46,132 62.108
Teu Ngéndong 150 9.705 1,853 10.473
Jumlah 2.398.530 2.598.782 2.708.477 2.917.660

Géopark Ciletuh

Thumb
Gambar curug di Geopark Ciletuh

Wilayah Géopark Ciletuh geus meunang pangakuan ti UNESCO Global Géopark ngaliwatan sidang eksekutif pamimpin UNESCO ka-204. Lega kawasan Géopark Ciletuh ngawengku dalapan désa di Kacamatan Ciemas jeung Ujung Genténg. Kaéndahan daerah ieu katenjo tina lobana curug, taman purba, pasir Panénjoan jeung sajabana anu jumlahna aya 64 poténsi wisata. Aya Curug Cimarinjung, Puncak Darma jeung tempat panangkaran tukik. Wisata Géopark Ciletuh kaasup kana wisata gunung, batu, jeung basisir. Pamekaran kawasan pariwisata di Geopark Ciletuh geus dirojong ku pamaréntah ngaliwatan asup kana Rencana Pangwangunan Jangka Menengah Nasional taun 2020-2024. [34][35][36]

Thumb
Basisir Palabuhan Ratu, Sukabumi

Basisir Palabuhanratu

Basisir Palabuhanratu lokasina 60 km ti kidul Kota Sukabumi. Wates ieu basisir jeung Samudera Hindia, beulah kidul Jawa Kulon.[37] Di taun 2016, Palabuhanratu dilélér jadi Warisan Budaya Tak Benda katégori Tradisi jeung Éksprési Lisan.[38]

Basisir Cimaja

Basisir Cimaja kawéntar ku alus ombakna jang olahraga selancar atawa surfing. Basisir Cimaja aya di Désa Cimaja, Kacamatan Cikakak, Kabupatén Sukabumi, belah wétan Palabuhan Ratu. Poténsi ombak basisir Cimaja geus dimangpaatkeun jang pasanggiri selancar internasional tur jadi tempat latihan peselancar lokal jeung mancanagara. [39]

Basisir Ujung Genténg

Thumb
Basisir Ujung Genténg

Basisir Ujung Genténg pernahna aya di Désa Gunung Batu, Kacamatan Ciracap, Kabupatén Sukabumi. Di basisir Ujung Genténg, bisa ngalakukeun kagiatan ngala lobster jeung ngabudidayakeun penyu sacara langsung. Basisir anu deukuet lokasina jeung Ujung Genténg aya Basisir Amanda Ratu, Basisir Ténda Biru, Basisir Ombak Tujuh, Basisir Pangumbahan, jeung Basisir Cipanarikan.[40]

Taman Nasional Gunung Halimun Salak

Thumb
Logo Taman Nasonal Gunung Halimun-Salak

Taman Nasional Gunung Halimun Salak nyaéta lokasi konsérvasi alam di Propinsi Jawa Kulon, anu pernahna aya di tengah kawasan Gunung Halimun jeung Gunung Salak. Di taun 2003 Taman Nasional Gunung Halimun Salak ditetepkeun jadi taman nasional. Legana 113.357 Ha. Sajarah singget ngeunaan Taman Nasional Gunung Halimun Salak, lalampahanana dikawitan ti taun 1924 nalika Gunung Halimun ditetepkeun jadi hutan lindung. Harita legana leuweung di Gunung Halimun 39.941 Ha. Ti status "hutan lindung", éta status dirobah jadi Cagar Alam Gunung Halimun ditaun 1935. Di taun 1992, status cagar alam dirobah deui jadi Taman Nasional Gunung Halimun, anu legana 40.000 Ha. Sanajan statusna geus jadi "taman nasional", tapi anu ngajaga éta kawasan masih kénéh ngahiji jeung Taman Nasional Gunung Gedé Pangrango. Kawasan Gunung Gedé mah geus mandiri sistem kelolana ti taun 1997. Di taun 2003, pamaréntah netepkeun jeung nambahkeun Taman Nasional Gunung Halimun jeung kawasan Gunung Salak. Nepi ka ayeuna kawéntarna jadi Taman Nasional Gunung Halimun Salak, anu legana 113.357 Ha.[41]

Thumb
Kawah Ratu di Taman Nasional Gunung Halimun-Salak

Taman Nasional Gunung Halimun Salak bisa jadi tempat pikeun panalungtikan jeung tempat wisata. Tempat wisata di ieu tempat loba pisan jenisna, contona aya curug, puncak gunung, kawah, nepi ka candi. Curug anu aya di ieu tempat di antarana aya Curug Citamanja, Cipumulan, Cihanjawar, Citangkolo, Cibelang, Curug Cidahu, Curug Cibeureum, jeung réa-réa deui. Gunung anu aya di Taman Nasional Gunung Halimun Salak di antarana aya Gunung Halimun (1.929 mdpl), Gunung Botol (1.720 mdpl), Gunung Salak (2.211 mdpl), Gunung Salak II (2.190 mdpl). Lian ti éta, aya ogé Kawah Ratu di Gunug Salak, anu pernahna di sisi léréng belah kidul Gunung Salak, anu sacara administratif posisina aya di wates Désa Cidahu, Kacamatan Cicurug, Kabupatén Sukabumi.[41]

Taman Nasional Gunung Gedé Pangrango

Thumb
Taman Nasional Gunung Gedé Pangrango

Taman Nasional Gunung Gedé Pangrango atawa disingget jadi TNGGP mangrupakeun taman nasional anu diwangun tayn 1975 di kawasan Situ Gunung anu ditetepkeun jadi Taman Wisata. Di taun 1980, Menteri Pertanian ngajeungkeun TNGGPP jadi taman nasional. Di taun 1979, Taman Nasional Gunung Gedé Pangrango ditetepkeun statusna jadi cagar alam, anu legana 14.000 Ha. Di taun 1980, statusna dirobah deui statusna jadi Taman Nasional Gunung Gede, anu miboga lega 15.196 Ha. Taman Nasional Gunung Gede Pangrango ogé bisa digunakeun pikeun rékréasi, contona resort wisata Situ Gunung di Sukabumi, jeung resort Wisata Salabintana.[42]

Thumb
Leuit di Kampung Adat Ciptagelar

Situ Gunung

Situ gunung nyaéta situ anu aya di lingkup Taman Wisata Situ Gunung anu asup kana wilayah Taman Nasional Gunung Gede Pangrango. Di dieu turis bisa nempo kaéndahan situ, kemping, ngaliwatan rawayan gantung pangpanjangna sa-Asia Tenggara, atawa leumpang nempo curug jeung walungan. Udarana masih seger sabab loba keneh tatangkalan, aya di taneuh anu luhurna kurang leuwih 850 metér. Fasilitasna ogé lengkep, aya musola, jamban, jeung tempat parkir. Karcis asup ka kawasan Situ Gunung hargana Rp16.000 di poé Senén nepika Kemis, jeung Rp18.500 mun asup poé Saptu jeung Minggu. Turis kudu mayar deui lamu hayang ngaliwatan rawayan kalawan mayar karcis Rp50.000 nepika Rp75.000 gumantung kana poé gawé atawa poé libur. Jambatan atawa rawayan gantung di Situ Gunung dijieun mangsa taun 2017 salila kurang ti 4 bulan. Salian situ, turis ogé bisa ulin ka Curug Sawér anu masih asup ka Taman Wisata Situ Gunung.[43][44]

Selabintana

Thumb
Jalan di Hotél Selabintana taun 1925

Salian ti Situ Gunung, tempat wisata séjén di suku gunung Gede Pangrango di Sukabumi nyaéta Wisata Selabintana anu aya di Jalan Selabintana KM.7, Sudajaya Girang, Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi, belah kalér Kota Sukabumi. Harga karcis asup ka Selabintana numutkeun kana jenis kendaraan. Lamun motor karcisna Rp15.000, mobil sedeng Rp32.000, minibus Rp38.000, mikro beus Rp190.000, jeung beus gedé Rp290.000. Wisata Selabintana buka ti jam 7 isuk nepika jam 6 soré. [45] Di jero kawasan wisata Selabintana nyadiakeun kulah paranti ngojay, taman kaulinan, jeung hotél titinggal Walanda anu dijieun mangsa taun 1900-an. Daérah Selabitana kapanggih ku urang Walanda AAE Lenne (1853-1916) tuluy dijieun panginepan jang pajabat perkebunan basa harita.[46][47]

Kampung Adat Ciptagelar

Kampung Adat Ciptagelar, pernahna aya di Désa Sirnaresmi, Kecamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi, Jawa Kulon. Ieu kampung adat kawéntar ku tradisi tatanénna, ogé geus bisa ngamangpaatkeun téhnologi pikeun média literasi masarakatna.[48] Sajarah ngeunaan Kampung Adat Ciptagelar dikawitan ti taun 1368, pernahna di Cipatat Bogor. Tuluy, di taun 1983, ngalih ka Linggar Jati, pupuh masarakatna diganti ku Encu Sucipta. Di taun 2000, pupuhu jeung anggota masarakatna ngalih lokasi deui ka Ciptagelar. Ngaran Ciptagelar dicokot tina ngaran Sesepuhna nyaéta Encu Sucipta.[49]

Thumb
Produksi Blok Gutta Percha Tjipetir Sukabumi

Wangunan Bersejarah

Pabrik Gutta Percha Tjipetir, Cikidang

Situs bersejarah titinggal jaman Walanda aya di Kampung Cipetir, Désa Cicarueh, Cikidang, Kabupatén Sukabumi, nyaéta mangrupa urut wangunan pabrik Gutta Percha Tjipetir. Pabrik ieu baheula ngolah karét anu dipelak di daérah ieu. Lamun ti pusat kota Sukabumi, pabrik ieu jarakna 50 Km. Di jero pabrik Gutta Percha Tjipetir ieu aya laboratorium, pakakas ngolah bahan karét, masjid, tempat timbangan, jeung mesin produksi.[50]

Thumb
Pabrik Gutta Percha Tjipetir mangsa 1920-1930

Blok geutah gutta percha buatan Tjipetir ieu pernah jadi omongan balaréa bangsa Eropa taun 2012 sabab kapanggih di basisir di sababaraha nagara saperti Inggris, Spanyol, Perancis, Walanda, Jérman, Norwégia, Swédia jeung Denmark. Sabab blok ieu nepi ka Eropa sabab baheula pamaréntah Walanda pernah ngirim ka 16 juta blok produksi geutah Gutta Percha ka Inggris mangsa tungtung abad ka-19 dumasar kana jurnal anu judulna “A Victorian Ecological Disaster: Imperialism, the Telegraph, and Gutta Percha” jieunan John Tully ti University of Hawaii Press. Blok produksi geutah Gutta Percha sok dipaké jang bahan tambalan huntu, bal golf, jeung kabel di disimpen di handapeun cai/laut. [51]

Tangkal Gutta Percha ieu loba dipelak di daérah deukeut pabrik, di Cikidang, Kabupatén Sukabumi. Tangkal ieu loba dipelak ku pamaréntah Walanda mangsa taun 1885. Ayeuna wangunan pabrik ieu asup kana wilayah operasional PTPN VIII Sukamaju. Sésa lahan anu geus dipelakan tangkal Gutta Percha ayeuna aya 333 hektar.[52]

Puseur Pangbalanjaan

Pasar di Kabupatén Sukabumi Taun 2017/2018[53]
NO KACAMATAN WILAYAH (Km2) JUMLAH PADAGANG KAGIATAN
HARIAN MINGGUAN
PASAR TIPE A
1 Cicurug Pasar Cicurug 46.376 1.397 Harian
2 Palabuhanratu Pasar Palabuhanratu 102.879 1.029 Harian
3 Cibadak Pasar Cibadak 62.893 1.569 Harian
4 Cisaat Pasar Cisaat 21.454 901 Harian
5 Parungkuda Pasar Parungkuda 31.828 896 Harian
PASAR TIPE B
6 Suradé Pasar Suradé 133.931 248 Harian
7 Sukaraja Pasar Sukaraja 41.99 416 Harian
8 Jampangkulon Pasar Jampangkulon 154.881 179 Harian
9 Kebonpedes Pasar Jubleg 10.348 300 Harian
10 Sagaranten Pasar Sagaranten 122.046 163 Harian
11 Cikembar Pasar Cikembar 86.518 - Harian
PASAR SASATOAN
1 Suradé Pasar Suradé 133.931 - Harian
2 Curugkembar Pasar Curugkembar 54.078 - Harian
PASAR SWASTA
1 Gunungguruh Pasar Kertaraharja 22.851 - Harian
2 Sukaraja Pasar Sukaraja 46.376 - Harian
3 Warungkiara Pasar Warungkiara 92.979 - Harian
4 Cikembar Pasar Cikembar 86.518 - Harian

Kasenian

Ngagondang

Di kacamatan Waluran aya salasahiji kasenian anu ngirut tur dimumulé ku masarakatna, nyaéta tradisi ngagondang. Seni gondang mangrupakeun hiji tradisi anu mintonkeun prosés ngolah paré jadi béas anu ngagunakeun pakakas halu jeung lisung. Lisung nyaéta pakakas pikeun ngolah paré anu wangunna kawas parahu. Kawitna seni gondang miboga udagan pikeun upacara ngabagéakeun Nyi Pohaci Sanghyang Sri atawa Déwi Paré.[54] Kiwari, tradisi ngagondang lain saukur dipintonkeun nalika musim panén, tapi jadi modal pikeun ngirut anu datang ka Waluran, hususna anu datang ka Ciletuh Géopark.[55]

Jipéng

Jipéng mangrupakeun salasahiji seni tradisional ti Propinsi Jawa Kulon, anu miboga tilu unsur kasenian di jerona nyaéta tanjidor, ketuk tilu, jeung topéng. Taun 1923 mangrupakeun awal kasenian Jipéng diwanohkeun. Mimitina, Jipéng téh tina seni tanjidor anu sok dipintonkeun di Kasepuhan Ciptagelar. Ieu kasenian mangrupakeun bagéan tina kagiatan anu mindeng dilakukeun di huma jeung sawah. Lian ti éta ogé miboga fungsi pikeun hiburan keur masarakatna. Ritual tanji miboga udagan pikeun ngusir sato anu sok ngaganggu masarakat nalika ngalakukeun prosés kagiatan di huma jeung sawah. Lian ti kagiatan di huma jeung sawah, tanji ogé dipintonkeun dina acara adat anu dilaksanakeun ku Kasepuhan Ciptagelar. Salasahijina dipintonkeun dina kagiatan opatbelasan. Pintonanana mangrupa musik tanji, teu maké lagu jeung tari. Lantaran durasina panjang, jeung pintonanana kitu-kitu waé, ahirna para seniman di Kasepuhan Ciptagelar nambahkeun seni ketuk tilu jeung Sandiwara Sunda (topéng) dina pintonanana. Ti saprak digubah, seni tanjidor anu dikolaborasikeun jeung ketuk tilu sarta topéng téh dingaranan Jipéng.[56]

Bagéan kahiji nalika mintonkeun jipéng dikawitan ku musik tanji. Béda jeung seni tanji biasana anu mangrupakeun musik instruméntal, dina pintonan Jipéng mah musik tanji mangrupakeun iringan pikeun anu rék ngahaleuang. Sanggeus musik tanji, dituluykeun kana ketuk tilu, anu mangrupakeun pintonan musik jeung tari. Ieu bagéan mantak ngirut panongton pikeun ngilu jogéd jeung panari. Bagéan kadua nyaéta jaipongan anu dipintokeun jeung musik tanjidor. Ieu kolaborasi ngahasilkeun seni anyar anu disebut Tari Jipéng. Kiwari tari Jipéng jadi ciri has anyar di Kabupatén Sukabumi. Mindeng dipintonkeun dina pagelaran individu atawa kolosal. Bagéan katilu nyaéta dituluykeun kana bagéan Sandiwara Sunda atawa sok disebut topéng. Mantak ngirut anu nongton lantaran aya dialog jeung adegan anu mantak seuri. Adegan sandiwara di ieu bagéan dipirig ku musik kliningan.[56]

Sérén Taun

Sérén taun mangrupakeun upacara adat anu dilakukeun nalika panén paré di masarakat Sunda. Ieu acara dilaksanakeun unggal taun sacara rutin sarta dirayakeun ku sakabéh masarakat désa ti mimiti budak leutik nepikeun ka sepuh. Istilah sérén taun asalna tina kecap "sérén" jeun "taun". Dina basa Sunda, "sérén" miboga harti nyanggakeun. Sedengkeun kata "taun" mangrupakeun "tahun" dina basa Indonésia. Sérén taun mangrupakeun ucapan rasa sukur ka Gusti Allah tina hasil panén. Kiwari, mung sababaraha désa anu masih kénéh ngayakeun tradisi sérén taun, salasahijina nyaéta Kasepuhan Ciptagelar. Masarakat umum ogé bisa ninggali sacara langsung ieu tradisi. Sérén taun ogé mangrupakeun simbol ketahanan pangan pikeun masarakat Ciptagelar, ku kituna masarakat umum anu datang ka Ciptagelar nalika sérén taun bakal dibéré katuangan ku masarakat Kasepuhan Ciptagelar.[57]

Parebut Sééng

Tradisi parebut sééng nyaéta tradisi anu mimitina mekar di Kabupatén Bogor hungkul, nanging lantaran minat kana silat Cimandé anu réa ieu tradisi parebut sééng nepi ogé ka Kacamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi. Ieu tradisi dipintonkeun nalika acara adat jatukrami. Tradisi parebut sééng dilaksanakeun saméméh acara akad. Tradisi parebut sééng dilakukeun ku dua lalaki sarta dipirig ku musik anu basajan (kendang penca) sarta ngagunakeun raksukan anu basajan ogé kawas pangsi, kamprét, dodot, jeung iket. Sééng miboga simbol hiji kahormatan hiji awéwé anu teu bisa disamanéakeun ku lalaki, ogé teu gampang dipimilik ku lalaki. Pangantén lalaki karak bisa ditarima ku awéwé lamun bisa ngarebut éta sééng ti pihak awéwé, kalawan ngadu silat.[58]

Gékbreng

Téater has Sukabumi nyaéta Gékbreng. Gékbreng mangrupakeun drama tari anu sifatna banyol, anu eusi caritana mangrupakeun carita kahirupan sapopoé. Istilah gékbreng mangrupakeun gabungan tina dua kecap nyaéta "gék" jeung "breng" anu miboga harti diuk babarengan. Kasenian gékbreng diciptakeun ku Abah Ba'i ditaun 1918. Ieu kasenian mangrupakeun bentuk éksprési ngeunaan teu adilna pangusaha di jaman harita. Abah Ba'i ngaragum sakabéh éta hal jadi hiji seni drama tari anu pinuh ku banyol tur dingarangan "gékbreng". Jadi, baheula mah gékbreng mangrupakeun sindiran-sindiran anu didugikeun ku cara banyol sangkan para pangusaha teu samanéa ku pangawasana.[59]

Gékbreng dipirig ku gamelan ngagunakeun laras saléndro. Gékreng biasana dipintonkeun di panggung terbuka, contona kawas pendopo jeung buruan imah. Panongtonna diuk nguliling ngawangun huruf "U". Dékorasina basajan. Raksukan anu dipikabutuh ku pamaén dibagi jadi dua bagéan, nyaéta raksukan pikeun panari keplok céndol jeung raksukan pikeun panari ketuk tilu. Panari keplok céndol ngagunakeun raksukan kabaya pondok, batik, jeung seléndang. Sedengkeun panari ketuk tilu ngagunakeun raksukan kabaya, batik, calana pangsi, jeung saléndang. Pamaén séjénna umumna ngagunakeun raksukan anu biasa digunakeun di kahirupan sapopoé kawas kaos jeung calana panjang.[59]

breng biasa dipintonkeun nalika siang atawa peuting. Nalika peuting biasana mikabutuh obor atawa oncor pikeun cahaya. k

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads