Kabupatén Jepara, nyaéta salah sahiji kabupatén di Propinsi Jawa Tengah. Ibukotana nyaéta Jepara. Kabupatén ieu wawatesan jeung Laut Jawa di beulah kulon jeung kalér, Kabupatén Pati jeung Kabupatén Kudus di beulah wétan, sarta Kabupatén Demak di beulah kidul. Wilayah Kabupatén Jepara ogé ngawengku Kapuloan Karimunjawa nu aya di Laut Jawa.

Fakta Singget
Kabupatén Jepara
Gambar:Kabjepara.jpg

Lambang Kabupatén Jepara
{{{foto}}}

{{{caption}}}
Thumb

Peta lokasi Kabupatén Jepara
MottoTrus Karyo Tataning Bumi (tina Basa Jawa nu hartina "Terus makarya ngawangun daerah")
PropinsiJawa Tengah
IbukotaJepara
Lega Wilayah1.004,16 km²
Kordinat-
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.037.000 (2003)
1.033 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
14
-
Dasar hukumUU No. 13/1950
Tanggal-
BupatiHendro Martoyo (2001-...)
{{{kapala daerah1}}}{{{nami kapala daerah1}}}
Kode aréa0291 (daratan), 0297 (Karimunjawa)
DAURp. 276.946.000.000

Ramatloka: http://www.jepara.go.id

Tutup

Jepara kasohor minangka kota ukiran, sabab di Jepara aya séntra karajinan ukiran kayu nu geus kawentar nepi ka mancanagara. Puseur karajinan ieu aya di Kacamatan Tahunan jeung Jepara. Lian ti éta, Jepara ogé mangrupa kota kalahiran pahlawan wanoja Indonésia R.A. Kartini.

Géografi

Kabupatén Jepara aya di pantura wétan Jawa Tengah, nu mana beulah kulon jeung kaléreunnana diwawatesan ku laut. Beulah wétan wewengkon kabupatén ieu mangrupa daérah pagunungan.

Wilayah Kabupatén Jepara ogé ngawengku Kapuloan Karimunjawa, nyaéta gugusan pulo-pulo di Laut Jawa. Dua pulo panggedéna nyaéta Pulo Karimunjawa jeung Pulo Kemujan. Sabagian gedé wewengkon Karimunjawa ditangtayungan ku Cagar Alam Laut Karimunjawa. Pikeun nyabrang ka kapuloan ieu, disadiakeun kapal ferry nu indit ti Palabuan Jepara. Karimunjawa ogé miboga lapangan terbang perintis nu didarati pesawat leutik ti Semarang.

Babagian administratif

Kabupatén Jepara ngawengku 14 kacamatan, nu kabagi deui jadi sajumlah désa jeung kelurahan. Puseur pamaréntahannana aya di Kacamatan Jepara.

 t·s·é 
Kabupatén jeung Kotamadya di Propinsi Jawa Tengah
Lambang Propinsi Jawa Tengah

Kabupaten: Banjarnegara | Banyumas | Batang | Blora | Boyolali | Brebes | Cilacap | Demak | Grobogan | Jepara | Karanganyar | Kebumén | Kendal | Klatén | Kudus | Magelang | Pati | Pekalongan | Pemalang | Purbalingga | Purworejo | Rembang | Semarang | Sragén | Sukoharjo | Tegal | Temanggung | Wonogiri | Wonosobo

Kota (kotamadya): Magelang | Pekalongan | Salatiga | Semarang | Surakarta | Tegal

Baca ogé daptar kabupatén jeung kotamadya di Indonésia

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.