Gamelan pélog saléndro

From Wikipedia, the free encyclopedia

Gamelan pélog saléndro
Remove ads

Gamelan pélog saléndro nyaéta gamelan anu surupanna saléndro atawa pélog[1]. Ieu gamelan sumebar hampir di sakabéh tatar Sunda[2]. Gamelan saléndro atawa gamelan biasana pélog dipaké pikeun mirig pintonan drama, longsér, ubrug, domprét, tari, wayang golék, wayang kulit, gending karesmén, séndratari, sarta téatér tradisional séjénna[1][2]. Tapi dina nabeuhna mah sok dibédakeun, sabab ieu gamelan boga sababaraha hal anu béda boh laras boh lobana penclon jeung wilahan dina masing-masing gamelan[1][2].

Thumb
Hiji sét gamelan saléndro jeung pélog ti Institut Seni Budaya Indonesia Bandung
Remove ads

Jenis Waditra Gamelan Pélog Saléndro

Waditra-waditra anu dipaké dina gamelan saléndro pélog di antarana: (1) Rebab minangka mélodi lagu, (2) Kendang jeung kulantér pungsina pikeun ngatur irama/ritme lagu, (3) Gambang minangka adumanis lagu (ornamén/lilitan lagu), (4) Bonang jeung rincik minangka pamirig (akompanyemen), (5) Jengglong minangka arkuh lagu (rangka lagu), (6) Kenong nu méré tanda ahir lagu, (7) Saron I jeung saron II minangka pamirig jeung nu ngeusian arkuh lagu, Demung/ Panerus nu mawa arkuh lagu jeung lilitan lagu, (9) Peking minangka pangeusi lilitan lagu nu dibawakeun demung, (10) Ketuk jeung Kempyang minangka pangatur irama jeung ciri bentuk gending, (11) Goong jeung Kempul minangka paméré tanda ahir pada dina lagu, ciri-ciri bentuk gending[1]. Najan kaasup dina hiji perangkat, tapi dina nabeuhna mah sok dibédakeun, sabab ieu gamelan boga sababaraha hal anu béda boh laras boh lobana penclon jeung wilahanana[2].

Sora Waditra Gamelan Pélog Saléndro


Remove ads

Gamelan Pélog Saléndro jeung Cara Nabeuhna


Remove ads

Référénsi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads