Cangkaléng
From Wikipedia, the free encyclopedia
Cangkaléng atawa Caruluk mun dina basa Walanda mah disebut glibbertkjes nyaéta protein albumin anu diperlukeun ku binih tangkal kawung minangka sasadiaan kadaharanana.[1] Buah anu kadar caina luhung ieu dicokot tina siki buah kawung anu wangunna lonjong gepéng, getahan tur matak ateul,[1] warnana bodas herang, sarta geunyal.[2] Pikeun dijadikeun cangkaléng, buah kawung kudu dibeuleum heula nepi ka tutung atawa dikulub sababaraha jam.[1] Tuluy dikeueum ku cai kapur sababaraha poé nepi ka pamustunganana sikina bisa dikokolakeun.[1] Cangkaléng didagangkeun dina kaayaan kakeueum ku cai disebut cangkaléng atah.[2] Cangkaléng atah bisa diolah dijieun manisan, campuran kolek, setup buah, atawa sirop.[1]
Cangkaléng ngandung serat anu luhung, alus pikeun jalma anu keur diit.[3] Dina 100 gramna, ngandung kadar cai nepi ka 93,8%.[3] Cangkaléng ogé ngandung 0,69 gram protein, 4 gram karbohidrat, sarta kadar lebu kira-kira sagram sarta serat 0,95 gram.[3] Kandungan karbohidrat nu aya dina cangkaléng bisa matak wareg, ogé bisa ngeureunkeun nafsu dahar sarta ngabalukarkeun konsumsi kadaharan turun.[3] Salian ti alus pikeun diit, cangkaléng ogé miboga mangpaat pikeun mantuan ngalancarkeun gawé saluran cerna manusa.[3]

Referensi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.