Asinan Bogor

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads
Remove ads

Asinan Bogor nyaéta salah sahiji kadaharan has nu asalna ti daérah Bogor, Jawa Kulon.[1][2] Asinan téh mangrupa kadaharan nu eusina potongan bungbuahan atawa sayur-sayuran du dipidangkeun maké kuah tina campuran cabé beureum, cuka, gula, uyah, jeung samara séjénna.[1] Asinan bogor miboga rasa nu amis, haseum, jeung lada, seger pisan, komo mun dipidangkeun tiis-tiis.[2] Kiwari asinan bogor téh lain ngan saukur aya di Bogor, tapi geus sumebar ka sakuliah Jawa Kulon kitu deui Jakarta.[1] Kadaaran ieu biasana dijual maké roda atawa aya ogé nu miboga tempat matuh.[2] Biasana bisa kapanggih ditempat oléh-oléh Bogor atawa disisi jalan gé kiwari mah geus loba nu jualan.[2] Dingaranan asinan téh pédah cara nyieunna nu maké prosés pangacaran atawa ngaasinkeun kadaharan ku cara maké uyah, jeung cuka supaya haseum.[2]

Remove ads

Jenis asinan

Asinan buah

Nyaéta asinan nu eusina potongan bungbuahan.[1] Asinan buah mangrupa hasil campuran sababraha rupa bungbuahan, kawas bangkuang, gedang, hui, ganas, buah, jambu aér jeung kadongdong.[1][2] Kadang ogé mun keur usumna mah sok maké campuran buah kemang, jambu batu, salak jeung canar.[2] Ari kuahna mah sarua waé jeung asinan séjénna.[2]

Asinan sayur

Nyaéta asinan nu eusina rupa-rupa sayuran.[1] Biasana mah eusina téh pecay nu geus diasinkeun, togé, wortel, bonténg, kubis, antanan, kucay jeung tahu.[2] Kuahna mah sarua jeung asinan séjénna, ngan pédah eusina ieu mah rupa-rupa sayuran.[2]

Asinan campur

Asinan campur téh eusina campuran potongan bungbuahan jeung sayur-sayuran.[2] Ku kitu deui kuahna, sarua maké kuah nu asalna tina campuran cabé beureum, gula, uyah cuka jeung samara séjénna.[2]

Remove ads

Cara nyieunna

Pikeun nyieun asinan bogor téh babari, cukup sadiakeun bahan-bahan nu dibutuhkeun, saperti sayur-sayuran atawa bungbuahan nu geus dipotongan. Mimitina, golakkeun cabé beureum pikeun kuahna. Cabé nu geu digolakkeun tuluy dilemeskeun jeung campuran udang luetik atawa ebi, gula bodas, jeung cuka saluyu jeung kahayang. Campuran éta tuluy ditambahan cai. Sanggeus jadi kuahna, karék sayur-sayuran atawa bungbuahan nu geus meunang motongan diabuskeun kana kuah, dikocék nepi ka rata, antepkeun nepi ka samara kuahna nyerep.

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads