Surat Al Qori'ah (basa Arab:القارعة) nyaéta surat ka-101 dina Al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 11 ayat, kaasup golongan surat-surat Makkiyah, diturunkeun sanggeus surat Quraisy. Ngaran Al Qoriah dicokot tina kecap Al qori'ah anu aya dina ayat kahiji, nu hartina nu ngageumpeurkeun, saterusna kecap ieu dipaké pikeun ngaran poé kiamat.

Informasi leuwih jero Al Qori'ah القارعة, Informasi ...
Al Qori'ah
القارعة
Informasi
Harti Poé Kiamat
Golongan Makkiyah
Surah ka 101
Statistik
Jumlah ruku' 1 ruku'
Jumlah ayat 11 ayat
Tutup

Poko eusi surah ieu téh kajadian-kajadian dina poé kiamat, nyaéta manusa paburisat, gunung mawur baritu, amal gawéna manusa ditimbang sarta dibales.

Eusi jeung Tarjamah

Informasi leuwih jero Ayat ka, Tulisan Arab ...
Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
ٱلۡقَارِعَةُ
Nu ngageumpeurkeun (poé kiamat).
2.
مَا ٱلۡقَارِعَةُ
Naon ari nu ngageumpeurkeun (poé kiamat) téh?
3.
وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا ٱلۡقَارِعَةُ
Jeung naha manéh nyaho, naon ari nu ngageumpeurkeun téh?
4.
يَوۡمَ يَكُونُ ٱلنَّاسُ ڪَٱلۡفَرَاشِ ٱلۡمَبۡثُوثِ
Nyaéta poéan manusa jadi paburisat cara kukupu.
5.
وَتَكُونُ ٱلۡجِبَالُ ڪَٱلۡعِهۡنِ ٱلۡمَنفُوشِ
Jeung gunung-gunung lir ibarat bulu nu mawur.
6.
فَأَمَّا مَن ثَقُلَتۡ مَوَٲزِينُهُ ۥ
Nya sing saha anu beurat timbangan (kahadéanana).
7.
فَهُوَ فِى عِيشَةٍ۬ رَّاضِيَةٍ۬
Manéhna bakal hirup dina karidoan.
8.
وَأَمَّا مَنۡ خَفَّتۡ مَوَٲزِينُهُ ۥ
Jeung ari anu hampang timbangan (kahadéanana).
9.
فَأُمُّهُ ۥ هَاوِيَةٌ۬
Tinangtu pangbalikanana téh jungkrang anu jero (hawiah).
10.
وَمَآ أَدۡرَٮٰكَ مَا هِيَهۡ
Jeung naha manéh nyaho naon ari hawiah téh?
11.
نَارٌ حَامِيَةُۢ
(Éta téh) seuneu anu kacida panas.
Tutup

Tumbu kaluar

Rujukan

  1. Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003.
  2. Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971
Surat sateuacanna:
Al Adiyat
Surat 101 Surat saparantosna:
At Takatsur
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit

Wikiwand in your browser!

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.

Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.