Ayat ka |
Tulisan Arab |
Tarjamah basa Sunda |
1. |
وَٱلسَّمَآءِ ذَاتِ ٱلۡبُرُوجِ |
Demi langit nu mibanda rasi béntang.
|
2. |
وَٱلۡيَوۡمِ ٱلۡمَوۡعُودِ |
Jeung poé nu dijangjikeun.
|
3. |
وَشَاهِدٍ۬ وَمَشۡہُودٍ۬ |
Jeung nu nyaksian jeung nu disaksian.
|
4. |
وَشَاهِدٍ۬ وَمَشۡہُودٍ۬ |
Cilaka jelema nu nyieun kamalir.
|
5. |
ٱلنَّارِ ذَاتِ ٱلۡوَقُودِ |
(Kamalir) seuneu nu hurung ngéntab-ngéntab.
|
6. |
إِذۡ هُمۡ عَلَيۡہَا قُعُودٌ۬ |
Nalika maranéhna dariuk sakurilingeunana.
|
7. |
وَهُمۡ عَلَىٰ مَا يَفۡعَلُونَ بِٱلۡمُؤۡمِنِينَ شُہُودٌ۬ |
Jeung maranéhna jadi saksi kana saniskara nu dilimpahkeunana ka kaom muminin.
|
8. |
وَمَا نَقَمُواْ مِنۡہُمۡ إِلَّآ أَن يُؤۡمِنُواْ بِٱللَّهِ ٱلۡعَزِيزِ ٱلۡحَمِيدِ |
Jeung maranéhna henteu nyiksa (muminin) ti antara maranéhna, anging pedah maranéhna ariman ka Alloh Nu Gagah, Nu Maha Pinuji.
|
9. |
ٱلَّذِى لَهُ ۥ مُلۡكُ ٱلسَّمَـٰوَٲتِ وَٱلۡأَرۡضِۚ وَٱللَّهُ عَلَىٰ كُلِّ شَىۡءٍ۬ شَہِيدٌ |
Nu kagungan karajaan langit jeung bumi, jeung Alloh kana sagala perkara ogé nyakséni.
|
10. |
إِنَّ ٱلَّذِينَ فَتَنُواْ ٱلۡمُؤۡمِنِينَ وَٱلۡمُؤۡمِنَـٰتِ ثُمَّ لَمۡ يَتُوبُواْ فَلَهُمۡ عَذَابُ جَهَنَّمَ وَلَهُمۡ عَذَابُ ٱلۡحَرِيقِ |
Saéstuna jalma-jalma nu mitenah ka muminin jeung muminat, sarta maranéhna teu tarobat, nya pikeun maranéhna siksaan anu ngaduruk.
|
11. |
إِنَّ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ وَعَمِلُواْ ٱلصَّـٰلِحَـٰتِ لَهُمۡ جَنَّـٰتٌ۬ تَجۡرِى مِن تَحۡتِہَا ٱلۡأَنۡہَـٰرُۚ ذَٲلِكَ ٱلۡفَوۡزُ ٱلۡكَبِيرُ |
Saenyana jalma-jalma anu ariman turta ngalampahkeun amal soléh, nya pikeun maranéhna sawarga anu di handapna cur-cor walungan, éta téh kaunggulan anu kacida gedéna.
|
12. |
إِنَّ بَطۡشَ رَبِّكَ لَشَدِيدٌ |
Saenyana siksaan Pangéran manéh téh kacida bangetna.
|
13. |
إِنَّهُ ۥ هُوَ يُبۡدِئُ وَيُعِيدُ |
Saéstuna Anjeunna anu mimiti (ngayugakeun mahluk) jeung anu mulangkeunana deui.
|
14. |
وَهُوَ ٱلۡغَفُورُ ٱلۡوَدُودُ |
Jeung nya Anjeunna Nu Maha Jembar Hampura, Nu Maha Mikahéman.
|
15. |
ذُو ٱلۡعَرۡشِ ٱلۡمَجِيدُ |
Nu kagungan A’rasy, Nu Pinuji.
|
16. |
فَعَّالٌ۬ لِّمَا يُرِيدُ |
Nya Anjeunna nu midamel sapangersa-Na.
|
17. |
هَلۡ أَتَٮٰكَ حَدِيثُ ٱلۡجُنُودِ |
Naha geus kawartikeun ka manéh lalakon balatentara.
|
18. |
فِرۡعَوۡنَ وَثَمُودَ |
Fir’aun jeung Tsamud?
|
19. |
بَلِ ٱلَّذِينَ كَفَرُواْ فِى تَكۡذِيبٍ۬ |
Tapi jalma-jalma nu kalapir salawasna ingkar.
|
20. |
وَٱللَّهُ مِن وَرَآٮِٕہِم مُّحِيطُۢ |
Padahal Alloh nalingakeun maranéhna ti tukangeunana.
|
21. |
بَلۡ هُوَ قُرۡءَانٌ۬ مَّجِيدٌ۬ |
Saéstuna éta téh Qur’an nu agung.
|
22. |
فِى لَوۡحٍ۬ مَّحۡفُوظِۭ |
Di Lauhil Mahfudh.
|