From Wikipedia, the free encyclopedia
Afro-Érasia[1] atawa pondokna mah Afrasia[2] atawa Érafrasia[2] nyaéta istilah nu dipaké keur nerangkeun daratan panglegana di bumi. Mindeng ogé katelah minangka hiji buana nu ngawengku buana Afrika katut Érasia (satuluyna dibagi jadi Asia jeung Éropah). Daratanana ngawengku 84,980,532 kilométer pasagi kalayan populasina kurang lwuwih 5.7 miliar urang, atawa kasarna mah 85% tina populasi dunya.[3] katelah ogé minangka Dunya Heubeul, sabalikna tina Amérika, nu katelah Dunya Anyar.
Tanah daratan Afro-Érasia geus nujul kana Pulo Dunya (World Island, hiji istilah nu dijieun ku Sir Halford John Mackinder dina The Geographical Pivot of History.[4] Istilah ieu heunteu ngasupkeun pulo-pulo jeung kapuloan nu lain mangrupa tanah daratan utama.
Dina istilah geologis, Afro-Érasia diperkirakeun mangrupa hiji superbuana nalika Afrika patubruk jeung Eropah. Hal ieu diperkirakeun kajadian leuwih ti 600,000 taun deui, nalika tungtung kidul Spanyol numbu ka Afrika. Nalika hal ieu kajadian, Laut Tengah bakal papisah jeung Samudra Atlantik. Afrika diperkirakeun ngahiji sacara lengkep jeung Eropa sanggeus leuwih ti 50 yut taun ti ayeuna, nutup Laut Tengah, sarta nyieun pagunungan anyar (nambahan Alps).[5]
Normalna Afro-Erasia kabagi di Terusan Suez jadi Afrika jeung Erasia, nu mana Erasia kabagi deui jadi Eropa jeung Asia. Dibagi ogé jadi Erasia-Afrika Kaler jeung Subsahara ku alesan budaya katut sajarah.[6]
|
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.