From Wikipedia, the free encyclopedia
Surah Yusuf (bahasa Arab:يوسف, Yūsuf, "Nabi Yusuf") nyaéta surah ka-12 dina Al-Qur'an. Surah ieu kasusun ku 111 ayat jeung kaasup golongan surah Makkiyah. Surah ieu dinamian Yusuf ku sabab inti suratna nyaritakeun riwayat Nabi Yusuf AS, perjalanana, sarta nasib bapa sareng para dulurna. Surah ieu kaasup surah Miun, nyaéta surah dina Al-Quran anu panjangna leuwih ti saratus ayat. Surah ieu surah kagenep anu dimimitian ku huruf muqatha'ah (terputus, Alif Lam Ra).
Surah ieu nyaritakeun sacara rinci ngeunaan riwayat Nabi Yusuf AS, perjalanana, nasib bapa sarta para dulurna. Nami Yusuf diulang 25 kali dina surah ieu.Surah ieu disebut ogé Ahsanul Qasas (Sahadé-hadéna Kisah) ku sabab kamuliaan kisah Nabi Yusuf anu loba pisan ngandung hikmah jeung pelajaran jang manusa. Dina surah ieu dicaritakeun ogé carita gaib anu diwahyukeun ka Nabi Muhammad SAW minangka mukjizat kanggo angjeuna, tapi saacan surah ieu diturunkeun anjeuna teu apal kana perkara mukjizat éta. Ti carita Nabi Yusuf AS, Nabi Muhammad SAW seueur kenging pelajaran penting jang kahirupan tur ngahibur anjeuna dina ngajalankeun pancén kanabian. Al Baihaqi dina kita Ad-Dalail nyebutkeun yén sagolongan jelema Yahudi lebet agama Islam saatos ngadangu carita Yusuf ieu ku sabab eusina sarua jiga anu diajarkeun ka aranjeuna.
Surat sateuacanna: Hud |
Surat 12 | Surat saparantosna: Ar Ro'd |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.