Wiki Sabanda 2018 (Wikipédia Raksa Basa Sunda)
saémbara nulis onlén di Wikipédia basa Sunda
Wiki Sabanda mangrupa saémbara nulis nu digelar hasil gawé bareng Wikimedia Foundation jeung Wikimedia Indonesia. Tujuanna pikeun ngahudang kasadaran urang Sunda dina ngamumulé jeung ngaronjatkeun basa Sunda sangkan jadi bagéan ti sakumna basa di sakuliah dunya. Saémbara saméméhna aya Wiki Sabanda II rintakan kahiji, Wiki Sabanda II rintakan kadua jeung nu leuwih heubeulna mah Wiki Sabanda 2014-2015.
Hadiah
Pinunjul Kahiji dilélér hadiah sertifikat jeung léptop
Pinunjul Kadua dilélér hadiah sertifikat jeung notebook
Pinunjul Harapan hiji dilélér hadiah sertifikat, Kamus Sunda, jeung Buku
Pinunjul Harapan dua dilélér hadiah sertifikat jeung Buku-buku Sunda
Katangtuan
Daptar jadi pamilon sarta nyieun akun Wikipédia
Nulis artikel anyar nepi ka 10 artikel sampurna
Ngajukeun 7 artikel sampurna pikeun peunteuneun panata calagara jeung 3 artikel sampurna pikeun peunteuneun girang pangajén
Unggal artikel nu geus ditulis dicatetkeun ku pamilon séwang-séwangan kana pakakas juri
Dina ieu saémbara teu lumaku sistim gugur
Daptar saémbara dugi ping 12 Pébruari 2018.
Nulis artikel dina saémbara lumangsung ti ping 10 Januari 2018 nepi ka 15 Pébruari 2018
Pikeun pamilon nu kungsi daptar di Wiki Sabanda II rintakan kahiji mah teu kudu daptar deui, langsung prung baé nulis.
Cara miluan
Daptar jadi pamilon ku cara ngeusian ieu formDaptar
Artikel nu geus dijieun dicatetkeun ka ieu pakakas juri Pakakas juri
Pameunteunan
Pikeun jadi pinunjul kalawan meunangkeun hadiah léptop, pamilon kudu nulis artikel anyar 10 artikel sampurna kalawan dianggap meunang peunteun panghadéna ku girang pangajén jeung panata calagara
Unggal artikel nu dijieun ku pamilon sarta geus dikirimkeun ka pakakas juri, bakal dipeunteun ku juri jeung panata calagara
Jinis artikel
Artikel Sampurna
Artikel anyar anu can aya di Wikipédia basa Sunda;
Artikel kudu ngandung saeutikna 2500 kecap, kalawan ditambahan rujukan dina unggal tungtung kalimahna;
Artikel kudu dibagi saeutikna jadi 4 subbab;
Sumber rujukan anu dipaké sakurang-kurangna 10 sumber anu béda sarta bisa dipercaya;
Nambahkeun 3 gambar, wikifikasi, interwiki, jeung katégori wiki.