Uap
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dina kimia fisik tur rékayasa, uap nujul kana cai nu nguap. Uap minangka fase gas anu murni tina cai sarta teu bisa kaciri. Dina tekanan atmosfir normal, uap murni (nu teu kacampuran ku hawa, tapi dina kasaaimbangan jeung cai nu cair) ngawengku kira-kira 1.600 kali volum cai nu cair. Di atmosfir, tekanan parsial cai leuwih handap batan 1 atm, ku kituna uap bisa jeneng (en:exist) dina suhu anu kurang ti 100 C (tingali ogé water vapor jeung humidity).
- Pikeun kagunaan séjén, tempo Uap (disambiguasi).
Dina basa sapopoé, 'uap' nujul kana saab, nyaéta gas rada bodas nu kaluar saluhureun cai nu ditaheur, pacampur jeung hawa nu leuwih tiis. Saab ieu mangrupa cai dina ukuran laleutik, lain cai nu mangrupa gas, ku kituna sacara téknis lain mangrupa uap deui. Kaluar tina téko nu keur ngagolak, aya bagian hawa anu teu kaciri aya saab, tapi sabenerna aya uap.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |