![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/a/a0/Oenanthe_javanica1.jpg/640px-Oenanthe_javanica1.jpg&w=640&q=50)
Téspong
From Wikipedia, the free encyclopedia
Téspong atawa dina basa latinna Oenanthe javanica nyaéta ngaran tuwuhan anu daunna kawas salédri[1][2]. Téspong loba tumuwuh di dataran luhur nepi ka daratan handap, asal taneuhna gembur, baseuh jeung miboga drainase anu hadé[3]. Lamun ditingali saliwat, téspong anu jangkungna 50cm téh ampir sarua jeung salédri[3]. Kaambeuna seungit jeung daunna rérégéan tapi karasa leuwih "kaku" jeung leuwih kandel lamun dibandingkeun jeung salédri mah [2][3]. Daun téspong anu ngorana ngeunah lamun diasakan jadi tumis atawa dilalab atah ngalengkepan beuleum lauk, hayam goréng jeung sambel[3].Dina téspong aya aroma spesifik anu karasana sumiriwing[2], komo lamun dicoélkeun kana sambel tarasi anu aya di restoran Sunda. Dina téspong aya minyak atsiri anu kaluar tina daunna nu matak ngabalukarkeun téspong miboga antioksidan anu kuat[3]. Ku sabab kitu urang Sunda utamana wanojana miboga kulit anu "mulus" jeung bérésih anu nambahan kageulisanana lantaran loba ngadahar lalab-lalaban anu salah sahijina téspong[2]. Téspong mangha bihari osok mindeng kapanggih di tempat ondangan jeung osok aya di rumah makan Sunda salaku lalab anu loba dipikaresep[4].Téspong boga mangpaat pikeun nahan lapar[5].
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |
Téspong | |
---|---|
![]() | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | Angiosperms |
(unranked): | Eudicots |
(unranked): | Asterids |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | Oenanthe |
Spésiés: | O. javanica |
Ngaran binomial | |
Oenanthe javanica (Blume) DC. | |