![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/8a/Great_Wall_of_China_location_map.jpg/640px-Great_Wall_of_China_location_map.jpg&w=640&q=50)
Témbok Gedé Cina
From Wikipedia, the free encyclopedia
Témbok Gedé Cina (Citakan:Zh-tspl) nyaéta témbok pertahanan Cina nu diwangun ti mimiti abad ka-3 SM nepi ka awal abad ka-17, dina raraga nyalametkeun sababaraha dinasti Cina tina serangan urang Hun, Mongol, Turki, jeung suku pengembara nu datang di wewengkon Mongolia jeung Manchuria ayeuna. Sababaraha bagéan diwangun saprak abad katilu SM, nu kawentar ngeunaan Tembok Besar Cina ieu diwangun antara 220 BC nepi 200 BC ku Kaisar Cina munggaran, Qin Shi Huangdi (tempatna leuwih ka kaler tinimbang Tembok Besar Cina ayeuna nu diwangun salila Dinasti Ming, sarta masih kénéh aya sesana saeutik).
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |
Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti. Mangga bantos ngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi. Tag ieu dibéré dina Pébruari 2016 |
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/8a/Great_Wall_of_China_location_map.jpg/640px-Great_Wall_of_China_location_map.jpg)
Tembok ieu mangrupa struktur wangunan jieunan manusa pangpanjanngna di dunya, manjang ampir 6,352 km (3,948 mile), ti Shanhai Pass beulah kulon nepi ka Laut Bohai wetan, watesan antara "China proper" jeung Manchuria, ti Lop Nur di beulah kidul wetan bagéan ti Wewengkon Otonomi Xinjiang Uygur . Sapanjang satengah lingkaran eta, ngajadikeun wates antara Cina Kaler jeung Inner Mongolia.
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/1/16/GreatWallNearBeijingWinter.jpg/640px-GreatWallNearBeijingWinter.jpg)