From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat An Nasr (سورة النصر) nyaéta surat ka-110 dina Al Qur'an. Surat ieu diwangun ku 3 ayat sarta kaasup surat madaniyah. An Nasr hartina pitulung, ngaran surat ieu patula-patali jeung jejer surat ieu nyaéta jangji yén pitulung Alloh baris datang sarta Islam baris meunangkeun kameunang.
Ayat ka | Tulisan Arab | Tarjamah basa Sunda |
---|---|---|
1. | إِذَا جَآءَ نَصۡرُ ٱللَّهِ وَٱلۡفَتۡحُ |
Nalika datang pitulung Alloh katut kaunggulan. |
2. | وَرَأَيۡتَ ٱلنَّاسَ يَدۡخُلُونَ فِى دِينِ ٱللَّهِ أَفۡوَاجً۬ا |
Jeung anjeun nempo jalma-jalma ngaleut ngeungkeuy arabus kana agama Alloh. |
3. | فَسَبِّحۡ بِحَمۡدِ رَبِّكَ وَٱسۡتَغۡفِرۡهُۚ إِنَّهُ ۥ ڪَانَ تَوَّابَۢا |
Prak mahasucikeun Pangéran anjeun bari muji, sarta geura ménta dihampura ka Anjeunna, saéstuna Anjeunna nu salawasna nampi tobat. |
Surat An Nasr ngajelaskeun ngeunaan kameunang anu katampa Nabi Muhammad s.a.w. sarta para pamilonna, sedengkeun surat Al Lahab ngajelaskeun ngeunaan kabinasaan sarta siksaan anu baris ditarima ku Abu Lahab sarta pamajikanana minangka jalma-jalma anu ngarempak Nabi.
Surat sateuacanna: Al Kafirun |
Surat 110 | Surat saparantosna: Al Lahab |
Al Qur'an | ||
1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.