From Wikipedia, the free encyclopedia
Surat Al-Waqi'ah (Arab: الواقعه, "Poé Kiamat") nyaéta surat ka-56 dina Al-Qur'an. Ieu surat kawengku 96 ayat jeung kaasup golongan surat Makkiyah. Diturunkeun sabada surat Ta Ha (surat ka 20/ 45 nurutkeun turuna) dingaranan Al Waaqi'ah (Poé Kiamat, Anu Pasti Kajadian), dicokot tina kecap Al Waaqi'ah nu aya di ayat kahiji.
Kalayan asma Alloh Nu Maha Welas tur Maha Asih.
إِذا وَقَعَتِ الْواقِعَةُ. Lapad (الْواقِعَةُ) ngandung harti sora nu ngajelegur, waktu nu pasti cunduk, kiamat.[3] geus cunduk waktuna ninggang mangsana poé pinasti. لَيْسَ لِوَقْعَتِهَا كَاذَِبَةٌ Taya nu sangsi kana datangna, boh mu'min atawa kafir.[4] خَافِضَةٌ رَّافِعَةٌ Nu ngagejrétkeun (sabagéan nu luhur pangkat di dunya) jeung nu ngangkatkeun (darajat sabagéan jalma nu dianggap hina)[5] ...إِذَا رُجَّتِ الأَرْضُ رَجّاً... Mun marcapada digénjlongkeun satakerna. ...وَبُسَّتِ الْجِبَالَ بَسّاً... jeung gunung-gunung baritu, runtuh, ngaley, rengkah, jeung bubuk.[6] فَكَانَتْ هَبَآءً مُّنبَثّاً lebuna awur-awuran,paburisat [7] lir silalatu seuneu, lir dadaunnan nu katiup angin puyuh.[8]
وَكُنتُمْ أَزْوَاجاً ثَلاَثَةً (Harita) aranjeun jadi tilu golongan, dua di surga hiji di naraka.[9]فَأصحَابُ المَيْمَنَةِ ما أصحَابُ المَيْمَنَةِ Golongan katuhu, kacida bagja golongan katuhu? Nyaéta ahli sorga. وأصحَابُ المَشأَمَةِ ما أصحَابُ المَشأَمَةِ Golongan kénca, kacida cilaka golongan kénca? Nyaéta ahli naraka. Jeung nu katilu utama (as-Sabiqun). Dicskeun dina: ثم أورثنا الكتاب الذين اصطفينا من عبادنا فمنهم ظالم لنفسه ومنهم مقتصد ومنهم سابق بالخيرات بإذن الله . Satuluyna ieu kitab, Kula wariskeun ka jalma-jalma nu dipilih ti antara abdi-abdi Kula. Ti antarana aya dholim ka dirina sorangan, aya nu sineger tengah, jeung aya tiantarana nu tiheula dina kahadéan kalayan idin Alloh.
والسابقون السابقون Kecap diulang dua kali boga harti nu tiheula iman tiap umat, nu gagancangan ka masigit, nu solat ka kiblatain, para nabi a.s.,[10] kaol lian, aya opat: Hizqil nu iman ti karabat Fir'aun, nu tiheula umat 'Nabi Isa a.s. Habib an-Najar, dua nu tiheula umat Nabi Muhammad s.a.w, Abu Bakar jeung 'Umar r.a.[11] أولئك المقربون. Maranéhna nu deuheus. Kecap ثلة, boga harti satengah.[12] Kalimat من الأولين Boga makna sohabat Nabi s.a.w, kaum Nabi Nuh a.s (nu iman). وقليل من الآخرين Maksudna, sohabat Nabi s.a.w.[13] Riwayat ti Abu Huraéroh r.a. nalika turun ثلة من الأولين وقليل من الآخرين. Para sohabat Nabi s.a.w. ngarasa susah teras turun ثلة من الأولين وثلة من الآخرين. Nabi s.a.w ngadawuh: ...إني لأرجو أن تكونوا ربع أهل الجنة بل ثلت أهل الجنة بل أنتم نصف أهل الجنة وتقاسمونهم في النصف الثاني...Kuring ngarep-ngarep aranjeun 1/4 ahli sorga, malahan 1/3 (sapertilu) jeung malahan satengah (1/2)na. Nu utama (muqorrobin, nu deuheus ka Alloh) tempatna di Jannat an-Na'im (surga nu pinuh ku ni'mat), seulobana tinu bihari, sapalihna tinu kiwari, dariuk bari pahareup-hareup, diladénan ku pelayan nu nyandak tuang leueuteun teu matak weureu, bubuahan nu pinilih, daging nu kadesem, widadari nu panona cureuleuk lir mutiara nu dijaga, teu nyarita iwal nu pisalameteun, teu matak gaflah ogé teu pidosaeun.
( أَصْحابُ الْمَيْمَنَةِ ) aya sababaraha kaol, nyaéta nu hirupna bener, teu kaasup nu deuheus (muqorobin), nu nyangking kitab amal ti katuhu, umat nu tumut tapi teu tepung jeung para nabi a.s, jeung nu nyieun kahadéan ogé kagoréngan tapi tuluy tobat.
وَأَصْحَابُ ٱلشِّمَالِ مَآ أَصْحَابُ ٱلشِّمَالِ Teterusan nyieun dosa, teu percaya kana poé dihirupkeun tina kubur. Maranéhna bakal dikumpulkeun kabéh, nu bihari ogé nu kiwari dina poé pinasti, kadahareunana zaqqum, caina panas ngagolak.
Alloh Nu nyipta manusa tina cai mani, nuwuhkeun pepelakan, nurunkeun hujan, nyipta seuneu jeung kakaian keur barangasakan.
Tasbéh kana kaagungungan Alloh nu éstu sumpah ku ngaplakna béntang marakbak, Al Qur'an nu mulya, dina kitab nu dijaga, teu dicabak iwal ku nu suci, nu lungsur ti Pangéran sakabéh alam.
Nalika nyawa tepi kana genggerong, bari aranjeun nempokeun. Lamun aranjeun wenang naha teu dibalikkeun.
Bagja pikeun jalma deuheus ka Alloh ku surga Na'im, salamet pikeun madhab katuhu, jeung dumukna tukang bohong di naraka Jahim.
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.