Surah Al-Fil
From Wikipedia, the free encyclopedia
Surah Al-fil nyaéta surat ka-105 dina Al Qur'an sarta diwangun ku 5 ayat. Surat ieu kagolongkeun kana surat makkiyah. Ngaran Al Fiil sorangan hartina Gajah anu dicokot ti ayat kahiji tina ieu surat. Jejer surat ieu téh nyaéta carita gagalna usaha ngancurkeun Ka'bah ku Abrahah (raja Yaman) jeung 60.000 soldaduna kaasup di antarana 13 gajah (atawa 9 dina vérsi séjén). Waktu lumangsungna kajadian ieu ogé dicatet dina sajarah Islam minangka Taun Gajah.