From Wikipedia, the free encyclopedia
Stéroid nyaéta lipid térpénoid nu cirina boga puseur stérana jeung gugus fungsi tambahan. Puseurna nyaéta wangun karbon opat cingcin anu ngahiji: tilu cingcin siklohéksana jeung hiji cingcin siklopéntana. Rupa-rupa stéroid ditangtukeun ku gugus fungsi anu napel dina éta cingcin sarta kaayaan oksidasi cingcinna.
Tina tutuwuhan, sato, jeung fungi, stéroid anu dihasilkeun aya kana ratusna, dijieun dina sél boh tina stérol lanostérol (sato jeung fungi) atawa tina stérol sikloarténol (tutuwuhan), nu duanana diturunkeun tina siklisasi tritérpéna skualéna[1].
Stérol téh minangka bentuk husus stéroid, nyaéta anu boga gugus hidroksil dina atom C-3 sarta rangka turunan koléstana[2].
Stéroid ngawengku éstrogén, kortisol, progéstéron, jeung téstostéron. Éstrogén jeung progéstéron dijieun utamana dina ovarium jeung bali nalika kakandungan, anapon téstostéron dina téstis. Sababaraha neuron jeung glia dina sistem saraf puseur ngahasilkeun énzim nu dipikabutuh sacara lokal pikeun sintésis neurosteroids prégnan, boh de novo atawa tina sumber periferal. Sintésis stéroid diatur dina hambalan konvérsi koléstérol jadi prégnénolon, nu lumangsung di jero mitokondria[4].
Métabolismeu stéroid nyaéta runtuyan réaksi kimia lengkep dina awak organismeu nu ngahasilkeun, ngarobah, jeung ngonsumsi stéroid. Ieu jalur métabolik ngawengku:
Biosintésis stéroid nyaéta hiji jalur anabolik nu ngahasilkeun stéroid tina prékursor anu leuwih basajan. Dina awak sato, ieu sintésis jalurna béda-béda, ku sabab kitu ieu jalur sok dijadikeun sasaran antibiotik jeung ubar anti-inféksi lianna.
Di manusa, ieu sintésis dimimitian di jalur mévalonat nu ngawangun DMAPP jeung IPP tina asétil-KoA[5]. Salajengna, DMAPP jeung IPP jadi lanostérol.
Stéroidogenesis nyaéta prosés transformasi atawa ngarobah hiji stériod jadi stériod lianna. Hasilna, di antarana:
Stéroid biasana dioksidasi ku énzim sitokrom P450 oksidaseu, misalna. Ieu réaksi ngasupkeun oksigén kana cingcin stéroid nepi ka pegatna ku énzim séjén jadi asam hampru[6]. Ieu asam bisa disékrésikeun tina liver dina cairan hampru[7]. Éksprési ieu gén oksidaseu bisa diatur ku sénsor stéroid PXR nalika dina getih kandungan stéroidna luhur[8].
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.