Sfigmomanométer
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sfigmomanometér atawa ténsiméter nyaéta alat anu diasupkeun kana mansét kantong hawa, digunakeun bareng jeung stétoskop keur ngukur tekenan getih dina arteri.[1][2][3] Ieu alat diwengku ku bagéan anu digulungkeun kana leungeun luhur, dijieun tina karét berongga anu fungsina nahan aliran getih lamun ka jerona dikompakeun hawa.[1] Bagian ieu dihubungkeun jeung pompa hawa, jeung deuih di tungtung lainna jeung pipa anu eusina cai raksa.[1]