![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/5/5a/Kue_semprong.jpg/640px-Kue_semprong.jpg&w=640&q=50)
Semprong (kuéh)
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kuéh semprong nyaéta salah sahiji kuéh has Sunda nu asalna ti wewengkon Karawang.[1] Kuéh semprong bentukna kawas semprong lampu cempor, rasana teu pati amis jeung rangu.[1] Kuéh semprong ilahar salaku jajanan pasar nu loba dipikaresep, ti miiti budak leutik nepi ka kolot.[1] ku sabab bentukna nu teu biasa, kuéh semprong téh babari dibédakeun jeung kuéh séjénna.[1] Kuéh semprong biasa dijual di warung-warung atawa di toko oléh-oléh.[1] Sanajan asalna ti Karawang, tapi semprong bisa kapanggih disababaraha daérah di Jawa Kulon, di antarana saperti di Bandung, Ciamis, Cimahi, jsb.[1]
“semprong” dialihkeun ka dieu. Pikeun kagunaan séjén, tempo semprong (disambiguasi).
Fakta Singget Kuéh semprong, Ngaran alternatif ...
Kuéh semprong | |
---|---|
![]() Kue semprong wangun pasagi panjang | |
Ngaran alternatif | Kuéh gapit |
Tipeu | Kuéh garing |
Tempat asal | Indonésia |
Bahan utama | Endog, tipung béas, aci hui, gula, cipati, mantéga, bubuk kai manis, wijén |
![]() ![]() |
Tutup