From Wikipedia, the free encyclopedia
Saré atawa héés (lemesna: kulem atawa mondok, kasarna: molor) mangrupa bentuk-maneuh reureuh sacara alami anu aya dina sakabéh mamalia, manuk jeung lauk. Saré teu kaasup "kaayaan teu sadar" (unconsciousness), tapi mangrupa bentuk alami reureuh nu dicirikeun ku ojah awak nu ngurangan sarta nurunna kaawas kana kaayaan sakurilingna. Ku kituna, ku sabab kasadaran (consciousness) hartina kaawas ka sakuriling, saré mah ukur bentuk kagangguna kasadaran. Anu paling mangaruhan saré téh nyaéta ritme sirkadian jeung hormon, ditambah pangaruh. Saré téh sigana mah ngajalankeun pancén réstoratif pikeun awak jeung uteuk, sakumaha dibuktikeun ku gejala/simtom rupa-rupa disfungsi métabolik nalika rupa-rupa sasatoan keur saré (Gottlieb et al., 2005).
Kiwari, pungsi saré pikeun kaséhatan jeung kasakit téh keur loba ditalungtik, utamana di nagara-nagara maju kayaning Jepang jeung AS. Teu ukur insomnia, kasakit lianna kayaning sleep apnea jeung narkolépsi ogé ditalungtik.
Saméméh mekarna widang-widang neurologi, neurosains, éléktronika jeung genetika, para élmuwan ngulik paripolah jeung ciri-ciri saré téh dina wanda pola, tibra, jeung mindengna. Ka dieunakeun, impuls listrik nu dihasilkeun ku otak téh dicatet ngagunakeun alat nu disebut éléktroénséfalograf (electroencephalograph, EEG), sarta gén-gén nu patali jeung fungsi otak, kayaning ritme sirkadian, ogé geus diisolasi.
Saré sok ditangtukeun dumasar kana sarat-sarat data EEG. Dumasar rékaman EEG, sakabéh mamalia jeung manuk nyumponan ieu kritéria saré. Pikeun sasatoan nu data EEG-na can aya, atawa alatan awakna leutik teuing, nu dipaké téh leuwih condong ka data gén.
Studi ngeunaan saréna manusa ngabagi saré kana lima hambalan dumasar kana rékaman éléktroénsefalografi (EEG) jeung polisomnografi:
Saré téh lumangsung dina daur fase NREM jeung REM. Di manusa, daur ieu kira 90 menit. Unggal hambalan mibanda fungsi fisiologis nu béda-béda. Obat sabangsaning alkohol jeung pél saré (pil tidur téa) bisa neken sababaraha hambalan saré (baca deprivasi saré di handap) nu ngabalukarkeun leungitna kaawas tapi ogé teu nedunan fungsi fisiologisna.
Aya sawatara fungsi nu kungsi diajukeun salaku hipotésis ngimpi. Postulasi Freud nyebutkeun yén ngimpi téh mangrupa éksprési simbolis tina hiji angen-angen. Freud sorangan ngagunakeun interprétasi ngimpi dina psikoanalisis, nu ku élmuwan kiwari mah teu pati disatujuan.
Sacara umum, gangguan saré dibagi kana tilu golongan:
Gangguan saré téh loba nu mangrupa balukar tina kasalahan dina nyaluyukeun (singkronisasi) saré jeung 'jam awak'. Nu lianna mah sipatna organik, sahingga moal bisa diubaran ku kronoterapi. Salah sahiji cara pikeun ngubaran insomnia nyaéta free-running sleep, nu hartina ukur saré nalika capé. Ngan, masalahna téh, cara ieu mah ngabalukarkeun jalmana jadi teu galib jeung nu séjén, kaasup jadi teu miroséa daur beurang-peuting anu dituturkeun ku lolobana masarakat.
Di alam sasatoan, saré téh lilana antara dua jam (jarapah) nepi ka 20 jam (kalong). Sacara umum, pangabutuh saré téh ngurangan mun awakna leuwih badag. Ucing mangrupa salah sahiji sato nu teu perlu saré dina waktu anu sakaligus, dina sapoéna téh bisa baé dibagi kana sababaraha rintakan. Aya deui mamalia cai, nu saréna téh ukur wawaréhan: sabagian awakna saré, sedengkeun sabagian nu lian tetep nyaring. Nu saréna kawas kieu téh di antarana (sigana) manuk nu migrasi.
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.