Réstorasi Méiji
From Wikipedia, the free encyclopedia
Réstorasi Méiji (明治維新, Meiji-ishin?), disebut ogé Meiji Ishin, Revolusi, atawa Renewal, nyaéta runtuyan kajadian nu mangaruhan kana robahna stuktur politik jeung sosial di Jepang. Kajadian ieu ti taun 1866 nepi ka 1869, periodena salila tilu taun ti mimiti ahir Edo (ilahar disebut Ahir Kashogunan Tokugawa) sarta awal Era Meiji. Kajadian nu leuwih penting antara taun 1862-69 dumasar urang asing dina A Diplomat in Japan ku Sir Ernest Satow. Restorasi mere respon langsung ku dibukana Jepang ku datangna Kapal Hideung Laksamana Matthew Perry.
Formasi dina taun 1866 nyaéta Sat-cho Alliance antara Saigo Takamori, pamingpin wewengkon Satsuma jeung Kido Takayoshi, pamingpin wewengkon Choshu, nandaan awal restorasi Meiji. Dua pamingpin ieu ngadukung kaisar sarta dibawa ku Sakamoto Ryoma keur ngalawan Tokugawa Shogunate (bakufu) sarta mulangkeun kakawasaan kaisar.
Panungtungan ka-shogun-an Tokugawa sacara resmi dina November 9, 1867, basa Shogun Tokugawa ka-15, Tokugawa Yoshinobu "nyerenkeun hak istimewa ka kaisar" sarta mundur tina jabatanna 10 poé saanggeusna. poé éta dianggap efektifna "restoration" (Taisei Hōkan) dumasar kana aturan kaisar, sanajan Yoshinobu masih kénéh usaha keur nyekel kakawasaan.
Teu lila ti harita dina Januari 1868, Perang Boshin (Perang Taun Naga) dimimitian ku Perang Toba Fushimi nu mana kakuatan tentara dipimpin ku Choshu jeung Satsuma ngéléhkeun tentara urut shogun tur ngabuktikeun kakuatan Kaisar keur ngéléhkeun Yoshinobu. Sababaraha kakuatan shogun lumpat ka Hokkaido, nu saterusna misahkeun manéh ku nyieun Republik Ezo, tapi ahirna ngahiji dina ahir Mei 1869 ku dikepungna Hakodate, Hokkaido. Elehna tentara urut shogun (pingpinan Hijikata Toshizo) ngajadi tanda Restorasi Meiji; sakabéh nu nolak ka kaisar tur tamatna aturan shogun.
Para pamingpin Restorasi Meiji, saperti dina revolusi saterusna dipikawanoh dina ngaran aturan restorasi aturan kaisar. Kakuatn pulitk sacara sederhana pindah ti Shogun Tokugawa Shogun kana oligarki, nu kawentar ti Propinsi Satsuma (Okubo Toshimichi jeung Saigo Takamori), sarta di Propinsi Choshu (Ito Hirobumi, Yamagata Aritomo, jeung Kido Koin.) Kawentarna ku sabab idena dina aturan kaisar baheula yén kaisar mangrupa nu nyekel kakawasaan pangluhurna, sedengkeun perdana menti ngatur nagara dumasa kana parentahna.