![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/7/75/Long_hair.jpg/640px-Long_hair.jpg&w=640&q=50)
Buuk
From Wikipedia, the free encyclopedia
Buuk nyaéta salahsahiji organ jelema nu jaradi dina hulu.[1] Hijianana kana buuk nyaéta lambar, salambar.[1] Rata-rata buuk awéwé panjang, sok digelungkeun atawa diuntun.[1] Lamun awéwé tas dicumplang buukna sok tara terus digelungkeun tapi sina ngarumbay heula supaya téréh garing.[1] Buuk lalaki lamun geus panjang sok dipolka atawa digundulan, dicukur.[1] Tapi lamun geus dipolka sok terus disahéding.[1]
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/7/75/Long_hair.jpg/320px-Long_hair.jpg)
Buuk sabenerna nyaéta perkembangan ti lapisan tanduk kulit.[2] Kawas kuku, buuk henteu karasa nyeri lamun dipotong, alatan sél-sél tanduk ieu henteu ngandung urat saraf.[2] Alatan buuk nyaéta bagian anu penting ti penampilan urang sarta alatan buuk gampang dipotong sarta diatur ampir dina sagala modél, lalaki sarta wanoja geus ngalakonan sagala hal jeung buuk maranéhanana saprak permulaan jaman.[2]