Propinsi Jepang
From Wikipedia, the free encyclopedia
saméméh sistim perfektur modérn aya, Jepang dibagi kana sapuluh kuni (国, nagara), nu ilahar dina Basa Inggris propinsi. Unggal propinsi dibagi kana gun (郡, wilayah; saméméhna disebut kōri).
ini pahatu lalis, artinya tidak ada artikel lain yang berpaut ke halaman ini. Bantulah menambah pranala ke artikel ini dari artikel yang berhubungan; atau coba peralatan pencari pranala sebagai saran. |
Propinsi dipaké keur satuan administrasi jeung wewengkon géografi. Dina ahir Periode Muromachi, fungsi éféktifjeung laun-laun digantikeun ku kakawasansengoku-daimyo. Dumasar kana aturan Toyotomi Hideyoshi, propinsi sacara administrasi digantikeun ku daimyos fief. Dina periode Edo, fief jadi han. Propinsi nyesakeun entitas géografi jeung urang Jepang nyebut tempat ku ngaran propinsi ditambahan ku ngaran han.
Dina restorasi Meiji, han diaku sacara hukum salaku satuan adminitrasi tapi gancang digantikeun ku perfektur (perfektur urban disebut fu jeung perfektur rural disebut ken). Propinsi salaku bagéan tina sistim alamat teu dileungitkeun tapi, malah nambahan. Dina taun 1871, jumlah perfektur aya 304, sedengkeun jumlah propinsi aya 68, teu kaasup Propinsi Hokkaido jeung Ryukyu. Wates antara perfektur loba nu teu lengkeup, malah kadangkala teu sarua jeung water propinsi. Perfektur laun-laun dihijikeun jeung jumlahna ngurangan jadi 37 dina taun 1881; saterusna dibagi deui jadi 45 taun 1885. Ku nambahkeun Hokkaido jeung Okinawa ngahasilkeun jumlah sakabéh prefektur ayeuna aya 47.
Nepi ka kiwari, taya parentah resmi nu ngaleungitkeun propinsi. Propinsi dianggap henteu leungit sakabenhna, sababaraha hal masih dipaké keur ngaran tempat, ngaran parusahaan jeung merk. Dina awal taun 2000-an, gubernur Perfektur Nagano ngusulkeun ngaran perfekturna jadi "Shinshu" (ngaran nu asalna ti Propinsi Shinano).
Propinsi diasupkeun kana kinai (kaasup ibukotana), sarta tujuh atawa dalapan do (rute atawa sirkuit). Catetan, sanajan do dina konteks ieu teu matak bingung jeung jalan lalulintas modérn saperti Tokaido ti Tokyo ka Kyoto atawa Kobe. Hokkaido dina konteks ieu teu matak bingung jeung Perfektur Hokkaido, sanajan tumpang tindih sacara géografi.