Perjanjian Shimonoseki
From Wikipedia, the free encyclopedia
Perjangjian Shimonoseki (下関条約Shimonoseki Jōyaku) nyaéta hiji perjangjian antara Dinasti Qing Cina jeung Kaisar Jepang nu mungkasan Perang Jiawu. Perjangjian ieu ditandatanganan tanggal 17 April 1895 dina Konferénsi Damai Shimonoseki anu lumangsung ti 20 Maret nepi ka 17 April 1895 di kota Akamagaseki (ayeuna disebut Shimonoseki), Préféktur Yamaguchi. Jepang diwakilan ku Ito Hirobumi jeung Mutsu Munemitsu, sedengkeun Dinasti Qing diwakilan ku Li Hongzhang.
![Thumb image](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/e/ea/Treaty_of_Shimonoseiki.jpg/220px-Treaty_of_Shimonoseiki.jpg)
Perjangjian Shimonoseki ogé katelah Perjangjian Maguan (Cina tradisional:; Cina basajan:; pinyin: Mǎgūan tiáoyuē). Ditandatangananna perjanjian ieu ngabalukarkeun tilu nagara Éropa (Rusia, Jérman, jeung Perancis ) milu campur tangan sacara diplomatik dina 23 April 1895 sangkan Perjangjian Shimonoseki diténjo deui anu nyababkeun Dinasti Qing teu kudu nyerahkeun Sumananjung Liaodong .
Dina perjangjian ieu, Dinasti Qing sapuk pikeun ngabébaskeun pangaruh pinuhna kana Dinasti Joseon anu ngaganti ngaran jadi Kakaisaran Koréa . Satuluyna, hak-hak diplomatik Kakaisaran Koréa dicabut sabot Korea aya dina kaayaan panglungguhan Jepang ti 1910 nepi ka 1945.