![cover image](https://wikiwandv2-19431.kxcdn.com/_next/image?url=https://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/8/84/COVID-19_pandemic_cases_in_the_Philippines.svg/langsu-640px-COVID-19_pandemic_cases_in_the_Philippines.svg.png&w=640&q=50)
Pandémi koronavirus 2019 di Pilipina
From Wikipedia, the free encyclopedia
Pandémi koronavirus 2019 di Pilipina mimiti kapanggih di tanggal 30 Januari 2020 nalika wanoja 38 taun warga nagara Républik Rahayat Tiongkok dikonfirmasi positip beunang panyakit koronavirus. Tuluy kasus nu kadua kajadian di tanggal 2 Pébruari 2020 nalika lalaki 44 taun warganagara Tiongkok tilar dunya sapoé saacanna. Kajadian éta ngakibatkeun "kematian" munggaran anu kajadian di luar Tiongkok.[7]
Fakta Singget Panyakit, Galur Virus ...
![]() Wilayah Pilipina kalawan kasus kakonfirmasi (beureum) sarta anu diduga (paul) kasus Covid-19 (per Juli 7)[5] | |
![]() Wilayah propinsi (kaasup Métro Manila) kalawan kasus kakonfirmasi (beureum) Covid-19 (per Juli 7) | |
Panyakit | COVID-19 |
---|---|
Galur Virus | SARS-CoV-2 |
Lokasi | Filipina |
Kasus munggaran | Manila |
Tanggal mimiti aya | 30 Januari 2020 |
Asal | Wuhan, Hubei, Tiongkok |
Kasus kakonfirmasi | 35,455 |
Kasus dicurigai‡ | 4,711[6] |
Kasus pulih | 9,686 |
Tilar dunya | 1,244 |
Situs web resmi | |
https://www.doh.gov.ph/2019-nCoV | |
‡ Kasus anu dicurigai acan kakonfirmasi ku sabab galur ieu eukeur ditalungtik di laboratorium. Babaraha galur lianna mungkin geus dicegah. |
Tutup
Di tanggal 18 Maret 2020, Pilipina netepkeun status bencana nasional ku sabab ieu wabah.[8]