Nopémber nyaéta bulan ka-11 kalénder Maséhi, satutasna Désémber sarta saméméh Oktober.
- 2100 - 2099 - 2098 - 2097 - 2096 - 2095 - 2094 - 2093 - 2092 - 2091
- 2090 - 2089 - 2088 - 2087 - 2086 - 2085 - 2084 - 2083 - 2082 - 2081
- 2080 - 2079 - 2078 - 2077 - 2076 - 2075 - 2074 - 2073 - 2072 - 2071
- 2070 - 2069 - 2068 - 2067 - 2066 - 2065 - 2064 - 2063 - 2062 - 2061
- 2060 - 2059 - 2058 - 2057 - 2056 - 2055 - 2054 - 2053 - 2052 - 2051
- 2050 - 2049 - 2048 - 2047 - 2046 - 2045 - 2044 - 2043 - 2042 - 2041
- 2040 - 2039 - 2038 - 2037 - 2036 - 2035 - 2034 - 2033 - 2032 - 2031
- 2030 - 2029 - 2028 - 2027 - 2026 - 2025 - 2024 - 2023 - 2022 - 2021
- 2020 - 2019 - 2018 - 2017 - 2016 - 2015 - 2014 - 2013 - 2012 - 2011
- 2010 - 2009 - 2008 - 2007 - 2006 - 2005 - 2004 - 2003 - 2002 - 2001
|
- Jurnal Science ngaluarkeun studi nu mrédiksikeun bakal runtuhna industri panangkepan lauk dina 2048, alatan panangkepan lauk nu kaleuleuwihan, polusi jeung faktor lingkungan séjénna. (The Washington Post)
|
|
- The New York Times ngalaporkeun yén hiji loka nu dijieun ku paméntana anggota Majlis Handap Amérika Sarikat Peter Hoekstra jeung sénator Pat Roberts kapanggih ngandung informasi detil nu bisa mantuan nagara nuklir dina ngahasilkeun pakarang nuklir. Loka éta ditutup dina 2 Novémber ku paméntana The New York Times sarta protés ti badan resmi International Atomic Energy Agency. (The New York Times)
- Australia ngirim dua kapal perang HMAS Kanimbla jeung HMAS Newcastle ka Fiji pikeun ngévakuasi warga Australia nalika kudéta. (Melbourne Age)
|
|
- Dua awéwé perlaya nalika tentara Israél némbak kumpulan awéwé nu mantuan para lalaki nu mawa pakarang nu nyalametkeun diri ka masjid di Beit Hanoun di beulah kalér Gaza. (BBC NEWS)
|
|
- Sajumlah gedé wewengkon Éropa Kulon keuna pangaruh pegatna daya, dimulai nalika ayana kagagalan dua jalur transmisi tegangan luhur gagal di Jérman, sarta nyababkeun kagagalan ngaruntuy nu maéhan ogé daya di wewengkonPerancis sarta nagara-nagara sabudeureunnana. (BBC News)
|
|
- Perang hébat dilaporkeun kajadian antara Union of Islamic Courts jeung Puntland, wewengkon sémi-otonom Somalia. (Al Jazeera)
|
|
- Operation Autumn Clouds: Angkatan Pertahanan Israél mimiti narik pasukannana kaluar ti kota beulah kalér Jalur Gaza, Beit Hanun, numutkeun pihak resmi Paléstina. Lima puluh tilu urang Paléstina, kaasup 16 warga sipil, jeung tentara IDF palastra ti saprak operasi dimimitian dina 31 Oktober. (Haaretz)
|
|
- Saeutikna 10 urang palastra sarta 30 urang séjénna tatu nalika bom ngabeledug di saluareun puseur pelatihan tentara di kulon kalér Pakistan. (BBC)
|
|
- Pesawat luar angkasa NASA Cassini ngarékam badai saperti angin puyuh di kutub kidul Saturnus nu mangrupa kajadian kawas kieu munggaran nu diobservasi dina planét séjén. (ABC News Australia)
|
|
- Puteran munggaran Pamilu lokal 2006 keur milih walikota lokal sarta déwan kota lokal diayakeun di Polandia. (BBC News)
|
|
- Australia jeung Indonésia nanda tangan perjangjian kaamanan ngeunaan kerjasama nguatkeun Lombok ngalawan térorisme, pikeun ningkatkeun patroli wates laut gabungan sarta panyusunan panukeuran militér. Ieu ogé ngarojong kadaulatan Indonesia kana propinsi-propinsina hususna Gini Anyar Kulon. (ABC News Online)
|
|
- Jéndral John Abizaid, pupuhu Komando Puseur Amérika Sarikat (United States Central Command), nyarita ka Komite Sénat Amérika Sarikat keur Layanan Bersenjata (United States Senate Committee on Armed Services) yén anjeunna optimis "urang bisa nytabilkeun Irak." (CNN)
|
|
- Mirza Tahir Hussain warga nagara Britania nu dihukum pati di Pakistan, hukumannana robah jadi hukuman bui saumur hirup sanggeus diintervénsi ku Présidén Pakistan Pervez Musharraf. (BBC)
|
|
- Pasukan militér Australia jeung Selandia Anyar sayaga hiber ka Tonga pikeun mantuan ngamankeun karusuhan di ibukota Tonga Nuku'alofa kamari. Saeutikna lima urang tiwas dina karusuhan éta. (Reuters)
- Présidén Amérika Sarikat George W. Bush jeung Perdana Mentri Australia John Howard nyawalakeun stratégi Irak nalika dahar beurang. Kadua pamingpin ngaluuhan rapat Kerjasama Ékonomi Asia-Pasifik di Hanoi. (ABC News Australia)
|
|
- Pesawat terbang Trigana Air nu ragrag di Désa Dagu, Ilaga, Papua ancur kabeulem. Salapan urang panumpang jeung 3 awak tacan bisa diévakuasi alatan cuaca nu poék jeung halimunan. (detik)
|
|
- Lalaki nu mawa pakarang nyulik Deputi Mentri Kaséhatan Irak Ammar al-Saffar.
|
|
- Mentri Industri Libanon jeung Maronite Christian Pierre Gemayel dipaténi ku lalaki nu mawa pakarang di Béirut. (CNN)
|
|
- Perdana Mentri Nepal Girija Prasad Koirala jeung pupuhu gerilyawan Mao Prachanda nanda tangan perjangjian damai nu mungkas perang sipil salila 11 taun di Nepal. (Sydney Morning Herald)
|
|
- Dick Cheney, Wakil Présidén Amérika Sarikat, datang ka Irak pikeun ngagunakeun poé Thanksgiving jeung pasukan AS. (BBC)
|
|
- The Cole Inquiry ngalaporkeun ka Pamaréntah Australia pikeun didaptar dina Parlemén Australia poé Senén. Hasil panalungtikan nyebutkeun yén pausahaan Australia AWB Limited geus nyogok ka Pamaréntah Saddam Husséin sangkan bisa ngajual gandrung ka Irak. (The Australian)
|
|
- Perdana Mentri Fiji Laisenia Qarase hiber ka Selandia Anyar pikeun ngayakeun sawala jeung Komodor Frank Bainimarama isukan minangka bagéan tina usaha nu dirojong ku Pamaréntah Selandia Anyar pikeun nyegah ayana kudéta. (AFP, AAP via News Limited)
|
|
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |