Mikrobiologi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Mikrobiologi nyaéta studi ngeunaan mikroorganisme, nu unisélulér atawa organisme mikroskopik cell-cluster. Kaasup di antarana eukariot (nu mibanda nukleus) saperti dina fungi jeung protists, jeung prokariot (nu henteu miboga nukleus) saperti baktéri jeung virus (sanajan ari virus mah henteu pasti digolongkeun minangka mahluk hirup).
Sanajan ayeuna geus loba anu dipikawanoh dina mikrobiologi, kamajuannana tetep dikembangkeun sacara régulér. Dina kanyatannana, pangiraan umum ningali yén urang kakara manggihan 1% tinu sakabéh mikroba dina sababaraha lingkungan. Ku sabab eta, sanajan paktana pamanggihan mikroba téh geus leuwih ti tilu ratus taun, cabang mikrobiologi kakara tuwuh sakedik dibandingkeun jeung disiplin élmu séjénna saperti zoologi, botani atawa éntomologi.