Maén bal
olahraga tim nu tujuanna ngasupkeun bola ka gawang lawan / From Wikipedia, the free encyclopedia
Maén bal, atanapi méngbal, sépak bal, nyaéta olah raga nu dimaénkeun antawis 2 di mana saban tim pamaénna 11 urang kalawan hiji bal, di mana bal bisa gerak ku cara ditajong maké suku atawa dipentalkeun kana unggal babagian awak salian ti leungeun.[1]. Dina abad ka-21, olah raga ieu dimaénkeun ku leuwih ti 250 juta pamaén di leuwih 200 nagara, nyieunanna olahraga nu pangsohorna sajagad raya.[2][3][4][5]
Panarajang (No. 10) rék najong bal ngaliwatan kiper musuh sangkan asup ka gawang jeung nyitak skor. | |
Babon organisasi | FIFA |
---|---|
Ngaran lian | Méngbal, sépak bola, bola, football, soccer, footy/footie, "the beautiful game", "the world game" |
Kahiji diulinkeun | Britania panengah abad ka-19 |
Data lengkep | |
Olahraga kontak fisik | Enya |
Jumlah pamaén | 11 per tim |
Lalaki/awéwé | Nya, kompetisi kapisah |
Kategori | Olah raga tim, Olah raga nu maké bal |
Alat | Bal |
Tempat tanding | Lapangan maén bal |
Ditandingkeun di Olimpiade | 1900 |
Olah raga ieu dimaénkeun dina hiji lapangan pasagi panjang ti jukut atanapi jukut jieunan, kalawan hiji gawang di tengah-tengah ti saban sisi pondokna. Aya sawatara strategi anu nyerang jeung anu mertahankeun kalayan pola anu bisa dilarapkeun ka unggal kasabelasan dina laga.[6] Dina méngbal aya sababaraha pola nyaéta pola nyerang jeung pola mertahankeun.[6] Dina pola nyerang miboga tujuan nyaéta ngasupkeun bola ka gawang lawan, ku sabab kitu diperlukeun strategi jeung téhnik dina nyerang.[6] Sedengkeun pola mertahankeun pikeun méré perlawanan ka lawan sangkan henteu gol.[6] Tujuan maén bal nyéta nyitak skor ku cara ngasupkeun balna ka gawang musuh. Tim nu boga skor nu panglobana nalika wayahna séép nyaéta nu meunang. Upami skorna sarua, biasana dinyatakeun seri atawa lanjut ka babak tambihan jeung/atawa hiji adu pénalti.
Laws of the Game (aturan kaulinan) aslina disusun di Inggris ku Football Association dina 1863 sarta geus robah-robah saprak éta. Maén bal internasionalna diatur ku FIFA, nu ngurus Piala Dunya FIFA nu dilaksanakeun saban 4 taun.[7]