Logam alkali
From Wikipedia, the free encyclopedia
Logam alkali hartina dérét unsur nu kaasup Golongan 1 (cara IUPAC) dina tabél periodik: litium (Li), natrium (Na), kalium (K), rubidium (Rb), césium (Cs), jeung fransium (Fr) (tengetkeun yén hidrogén, najan kaasup Golongan 1, jarang pisan némbongkeun paripolah nu sarupa jeung logam-logam alkali). Logam alkali téh hiji conto rimbagan pasipatan dina tabél periodik, anu ti luhur nepi ka handap watekna homolog.