From Wikipedia, the free encyclopedia
Lampeni; Ardisia elliptica nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Primulaceae . Ieu tutuwuhan loba kapanggih di India, Sri Lanka, Indochina, Malaysia, Indonesia jeung New Guinea. Tutuwuhan ieu gancang gedéna sarta mibanda kembang anu éndah, ku kituna ieu tutuwuhan remen ngahaja dipelak pikeun hiasan di buruan. [1]
Ardisia elliptica | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | Eudikotil |
(unranked): | Asteridae |
Ordo: | Ericales |
Kulawarga: | Primulaceae |
Génus: | Ardisia |
Spésiés: | A. elliptica |
Ngaran binomial | |
Ardisia elliptica Thunb. | |
Sinonim | |
Ardisia solanacea Roxb. |
Ardisia elliptica wujudna mangrupa rungkun anu jangkungna bisa ngahontal 5 méter. [1] Tangkalna ajeg ka luhur, dahan parondok tur lalempeng. Daun wujudna lonyod aya ogé anu semu buleud, kalawan téksturna lemes tur hérang. Kembangna ngawujud payung, bijil tina tungtung dahan. Kembangna bodas nepika beureum ngora, buahna nunggal mimiti kelirna héjo kotor, tuluy robah jadi beureum, di mana geus asak robah deui kelirna jadi bungur nepika hideung. Buah anu asak, umapa dipecéh jerona wungu. Gedéna kurang leuwih 5-6 mm. Binih atawa sikina wujudna buleud ukuranna kurang leuwih diaméter 5 mm.[1]
Ardisia solanacea jeung Ardisia humilis ku sababaraha ahli botani dianggap sarua spésiés na jeung Ardisia elliptica.[2] [3]
Di alam liar ieu tutuwuhan buahan dina umur 2-4 taun, sedengkeun di kebon anu ngahaja dipelak dina umur 1-2 taun geus mimiti buahan. Tutuwuhan déwasa di leuweung anu kasorot ku panonpoé bisa buahan nepi ka 400 siki. Buahna laleutik gampang dihakan an ku manuk-manuk anu sok ngakuan bungbuahan, ku cara kitu ieu tutuwuhan bisa gancang narékahan ka mana-mana. [4]
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Every time you click a link to Wikipedia, Wiktionary or Wikiquote in your browser's search results, it will show the modern Wikiwand interface.
Wikiwand extension is a five stars, simple, with minimum permission required to keep your browsing private, safe and transparent.